Sami-sami Kang Emod, nuhun pami bade dongkap mah. pami tos badanten sareng nu di bumi (da moal aya nu dibulan mah), mangga ngintun formulir konfirmasi. Teu langkung, bade ngalangkungan lembur atanapi di japriw. Kituw Kang Emod, ganti !
-dul- tukang wawar --- In [email protected], "emod_morales" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hatur nuhun ulemannana, kang Ndoell..! > Insya Alloh kuring rek datang, lamun euweuh harungan. > Bari rek badami heula jeung anak mitoha. > > Emod Morales > --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote: > > > > Ehm ! > > Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.. > > > > Baraya Kusnet sadayana, > > Dina raraga ngabageakeun salah sawios baraya Kusnet > > anu bade sumping ti Texas nyaeta Teh Netty Martin, > > dibewarakeun yén bade diayakeun acara Kopdar / Silaturahmi > > nu Insya Allah badé diayakeun dina : > > > > Dinten Minggu ping 30 April 2006 > > ngawitan tabuh 09.00 énjing dugi ka leuleusna. > > di bumina Teh Ani Puspita / Kang Ikmal : > > > > Bp. Hamim > > Parung Hilir Rt. 16 Rw. 06 > > Kel. Parung - Subang > > > > Rute: > > ------- > > upami angkutan umum mah, ti Jakarta nganggo kampung rambutan - > Subang, > > lungsur di terminal subang ongkosna 15 rb upami AC, teras naek > > angkutan jurusan Tonggoh ongkosna 3rb, lungsur di warung kadu, nae > > ojek ka bumi ongkosna 4rb. Upami ti Bandung, naik jurusan subang ti > > terminal ledeng ongkosna 10rb, lungsur di warung kadu naek ojek 4rb. > > > > Acara : > > - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan > > - Diayakeun lomba puisi sunda, ngadongeng, ngabodor, pantun, > > sisindiran jsjbtepnm (jeung sajabana ti eta lah pokona mah) > > - Haratis / teu kedah mayar, cekap ngabantun patuangan kosong. > > - Disayogikeun rupi-rupi Door Prize kanggo nu sumping oge hadiah > > keur nu ngiring lomba. > > > > Kukituna, sim kuring seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét sareng > > kulawargina, sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan sadayana > > dina waktosna. > > > > Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi > > diantawis baraya Kusnet sadayana. > > > > > > Sakitu anu kapihatur, > > Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh. > > > > > > -Ndoell- > > tukang wawar > > > > hapé : 08129056192 > > imel : ndoell@ > > > > > > * PENTING !!! * > > -------------------- > > > > Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala > > rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa > > ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél : > > ndoell@ atanapi dialungkeun ka Milis : > > > > FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA KOPDAR SUBANG > > 30 April 2006 > > > > Ngiringan : Bade / Moal (pilih*) > > > > Nami :..................................................... > > Padumukan :................................................ > > I-mél :.................................................... > > No. telpon / Hapé :........................................ > > Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih > > Kendaraan : Motor / Mobil / Umum > > ******************************************************************** > > ieu konfirmasi diantos dugi ka kaping 15 April 2006 > > > > > > Anu parantos Konfirmasi diantawisna : > > - Kang Toni Sofyan, cikarang, 1 dewasa > > - Teh Giawati, cikarang, 1 dewasa > > - Teh Nurlidya, cikarang, 1 dewasa > > - Kang Iim Ruhimat, Bandung, 2 dewasa, 2 murangkalih > > - Kang Yayan, Subang, 3 dewasa > > - Teh Imas, 2 dewasa, 2 murangkalih > > - Kang Akos Kosasih, 2 dewasa, 2 murangkalih > > > > nu ka subang...subaaaaaaang ...subaaaaaang.... > > kosong keneeeeeeh...... > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

