Hatur nuhun ulemannana, kang Ndoell..! Insya Alloh kuring rek datang, lamun euweuh harungan. Bari rek badami heula jeung anak mitoha.
Emod Morales --- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ehm ! > Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.. > > Baraya Kusnet sadayana, > Dina raraga ngabageakeun salah sawios baraya Kusnet > anu bade sumping ti Texas nyaeta Teh Netty Martin, > dibewarakeun yén bade diayakeun acara Kopdar / Silaturahmi > nu Insya Allah badé diayakeun dina : > > Dinten Minggu ping 30 April 2006 > ngawitan tabuh 09.00 énjing dugi ka leuleusna. > di bumina Teh Ani Puspita / Kang Ikmal : > > Bp. Hamim > Parung Hilir Rt. 16 Rw. 06 > Kel. Parung - Subang > > Rute: > ------- > upami angkutan umum mah, ti Jakarta nganggo kampung rambutan - Subang, > lungsur di terminal subang ongkosna 15 rb upami AC, teras naek > angkutan jurusan Tonggoh ongkosna 3rb, lungsur di warung kadu, nae > ojek ka bumi ongkosna 4rb. Upami ti Bandung, naik jurusan subang ti > terminal ledeng ongkosna 10rb, lungsur di warung kadu naek ojek 4rb. > > Acara : > - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan > - Diayakeun lomba puisi sunda, ngadongeng, ngabodor, pantun, > sisindiran jsjbtepnm (jeung sajabana ti eta lah pokona mah) > - Haratis / teu kedah mayar, cekap ngabantun patuangan kosong. > - Disayogikeun rupi-rupi Door Prize kanggo nu sumping oge hadiah > keur nu ngiring lomba. > > Kukituna, sim kuring seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét sareng > kulawargina, sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan sadayana > dina waktosna. > > Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi > diantawis baraya Kusnet sadayana. > > > Sakitu anu kapihatur, > Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh. > > > -Ndoell- > tukang wawar > > hapé : 08129056192 > imel : [EMAIL PROTECTED] > > > * PENTING !!! * > -------------------- > > Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala > rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa > ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél : > [EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis : > > FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA KOPDAR SUBANG > 30 April 2006 > > Ngiringan : Bade / Moal (pilih*) > > Nami :..................................................... > Padumukan :................................................ > I-mél :.................................................... > No. telpon / Hapé :........................................ > Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih > Kendaraan : Motor / Mobil / Umum > ******************************************************************** > ieu konfirmasi diantos dugi ka kaping 15 April 2006 > > > Anu parantos Konfirmasi diantawisna : > - Kang Toni Sofyan, cikarang, 1 dewasa > - Teh Giawati, cikarang, 1 dewasa > - Teh Nurlidya, cikarang, 1 dewasa > - Kang Iim Ruhimat, Bandung, 2 dewasa, 2 murangkalih > - Kang Yayan, Subang, 3 dewasa > - Teh Imas, 2 dewasa, 2 murangkalih > - Kang Akos Kosasih, 2 dewasa, 2 murangkalih > > nu ka subang...subaaaaaaang ...subaaaaaang.... > kosong keneeeeeeh...... > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

