hatur nuhun ka urang Inggris nu tos masihan sumbangan kanggo program pabukon simpay katresna (pasaka) kusnet yp. Yayasan Annisa nu teh Lies Parish kenging dana 5000 poundsterling ti urang Inggris (persisna para karyawan+bos First Data, kantor IT di Essex UK -tempat caroge teh Lies, Marx Parish didamel) kanggo program meser buku pikeun barudak Aceh korban Tsunami. tah sapalih, 5juta rupiah, kanggo pasaka kusnet yp.
insya Alloh bade gancang dibalanjakeun buku da aya daptar tunggu pabukon anyar, di tasik sareng karawang oge nambihan koleksi pabukon heubeul. na aya kabeneran nya, mang Tony Blair ka Indonesia. cik Mang Tony tambahan euy...heuheu..era mah era nepi ka disumbang ku urang inggris sagala. tapi nya kumaha deui atuh. mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

