Kang...gugah...ieuh, Kang...ngimpi wae
atuh...heheh.
Kang Soni, InsyaAlloh abdi wantun naratas jalan ka arah anu
saleresna. Tapi ma enya abdi we sosoranganan, atuhhh..."percum tak bergun"
saur ABG tea mah. Aa Gym sok nyontoan tina sabeungkeut sapu, pami mung hiji
nyere nu dianggo moal tiasa dianggo sasapu, tapi pami sabeungkeut InsyaAlloh
bersih... lenang...
Hiji conto deui : sok ningali artis nu kenging
penghargaan? Di panggung the sok disebatan hiji-hiji,"Terimakasih pada Allah
SWT yang telah menjadikan saya seperti ini, terimaksih dukungan Mama, Papa,
Teteh, Aa, Nenek, Kakek...(kabeh we sa RT disebutan...) tak ketinggalan fans
saya, tanpa kalian saya bukan apa-apa, I love U All...!!! (Bari metakeun sun
jauh tea...)
Punten, abdi mah sanes ahli Tatanagara atanapi
naon we nu aya patula patali kana aturan nagara, ieu mah mamanawian pamendak
abdi anu bodo. Ngabeberes masalah "bureaucrazy" (baca : birokrasi
heheh..) sanes di hiji pihak wae, kedah duanana, nya masyarakatna nya
petugasna.
Pangpangnamah unggal jalmi dina ngajalankeun sagala kalakuan
komo dina padamelan kedah sareng hate nurani tong mikiran we diri sorangan.
Pokonamah dina uteukna the mung aya kumaha carana diri sorangan the sangkan
sukses, sangkan beunghar, sangkan bahagia jrrd, bari tara mikiran batur...
Asa rada aneh oge ningali Bangsa Indonesia nu
saurna agamis, tapi jiga nu teu garaduh agama? Acara2 kaagamaan diaya-ayakeun
tapi angger kajahatan2 lancar. Teu sieun-sieun acan ku Alloh/Tuhan, ah bae
ayeuna-ayeuna...engke-engke...kumaha engke weee...Seueur jalmi nu teu ngaku
korupsi, dimana aya bangsat ngaku, Kang Yuliadi?heheh.
Seleksi penerimaan
CPNS/TNI/Polri kedah leres2 bersih tina kolusi & nepotisme. Pami tadina
lebet damel ku artos, sababaraha puluh yuta...nya atuh kedah balik modal, pan?
Timana deui pami sanes tina korupsi atanapi pungli? Syukur2 pami gajihna
diageungan...contona : Pulisi nu jaga di jalan kahujanan kapanasan sok hanaang
kedah aya cai eueut panginten, tah supados teu pungli kanggo meser
the botol, gajihna diageungan.
Rahayat Indonesia nu ogoan, mbung lumaku tah
ayeunamah giatkeun, incahkeun nu namina hoream, sagala ge aya prosesna teu
sakedet netra siga sihir wae. Wayahna kedah kersa ripuh, riweuh, ribet jrrd.
Ma enya teu isin ku Kang Denis urang Canada....
Naha di nagara batur bisa
beres, di nagara urang henteu?!
Nambut papatah Aa Gym, "Mimitian ti diri
urang sorangan, mimitian tinu leutik, mimitian ti ayeuna". InsyaAlloh impian
urang jadi nyaan....
ro2
nunyanyahoanan
>>> [EMAIL PROTECTED] 03/28/06 05:23PM
>>>
janten kumaha kinten2 na memeresna atuh
nya?
sonirosa