>From: "wpsusanto" <[EMAIL PROTECTED]>
> Kumaha atuh-nya eta nurani para kulawargi anu menikahkan siri teh,
> naha teu ngemut ka duka derita isteri pameget eta sareng putra-
> putrana ?  Sanes ku masalah harta semata pan ari ngalalana di dunya
> teh, apan kebahagian rumahtangga abadi teh cita-cita para isteri
> waktos ijab kabul kapungkur teh ...?

Haturan Teh WpSusanto (saha atuh nami leresna?)  nepangkeun sim kuring Pun 
Waluya,  urang Sumedang ngan netep di Bandung.

Teh, perkawis nikah siri, saleresna di lembur urang oge (indonesia) , ku 
nagara mah dianggap teu sah. Di Urang aya UU Perkawinan, sareng nagara oge 
nyadiakeun perangkatna keur urang Muslim nyaeta : KUA sareng Pangadilan 
Agama. Perangkat Nagara ieu moal ngalayanan jalma-jalma nu kawin siri lamun 
gaduh masalah. Contona upami nu kawin siri teh "pipirakan". Nagara moal 
daekeun ngurus lamun nu pipirakan ieu rebutan harta gono-gini. Kitu deui 
lamun dina kawin siri ieu, gaduh anak. Anakna dianggap anak Haram ku Catetan 
Sipil. Kawin Siri ceuk kuring mah langkung ngarugikeun pihak istri tinimbang 
pameget.

Tapi sistem ieu oge gaduh kalemahan. Kamari kuring mulang ka Sumedang, 
meunang beja, aya budak awewe tatangga di lembur (umurna 15 taun!) dibawa 
"kabur" ku pameget nu geus gaduh pamajikan. Kolotna "kalang-kabut". Nu 
"kabur" diteangan nepi ka kapendakna. Saleresna mah ceuk UU Perlindungan 
Anak, eta pameget teh kedahna lebet bui, margi mawa kabur budak (batesan 
dewasa di Indonesia 17/18 taun).  Tapi maklum di kampung, malah 
dikarawinkeun. Waktos dicandak ka KUA, KUA nolak, kahiji budak awewena 
dibawah umur, nu kaduana si lalakina geus boga pamajikan, nu ceuk UU 
Perkawinan lamun hayang kawin deui kedah gaduh izin ti pamajikan nu ti 
heula. Nya dikarawinkeun teu liwat KUA, nu istilah di lembur kuring mah, 
kawin agama cenah ........

Tah nu model kieu, kuring oge teu terang, kumaha Nagara ngaturna?

Baktos,
WALUYA





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke