aduh kang waluya inohong sunda ditelasan....
namina ge tos janten sajarah ...
mugi Gusti.... sing ting pucunghul deui inohong2 sunda di ieu tatar....
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Babad Dipati Ukur keur Urang Bandung jeung urang Sumedang, geus teu bireuk
deui. Cenah mah aya sababraha versi, aya versi Bandung, jeung aya versi
Sumedang. Kabeneran kuring nginjeum buku boga ki lanceuk, judulna teh
"Puncak Kekuasaan Mataram", karangan sejarahwan Walanda, Dr. H.J. De Graaf.
Dina buku ieu dicarioskeun kumaha Tantara ti Sumedang dikirim ku Sultan
Agung keur naklukeun Madura. Rakyat Sumedang jeung Ukur oge diilukeun waktu
Sultan Agung ngepung Batavia nu gubernur Jenderalna Harita J.P. Coen. Tapi
Rakyat Priangan ngilu perang ngepung Batavia ngan waku ngepung kahiji
(Sultan Agung ngepung Batavia dua kali). Waktu pangepungan kahiji, kemah
urang Sumedang jeung Ukur teh diserebu urang Walanda dina tanggal 21 Oktober
1628M. Urang Priangan lalumpatan jauh pisan, malah tepi ka wewengkon Banten.
Raja Mataram, saheulaanan ngantep kalakuan urang Sunda ieu, kulantaran
datangna usum hujan jeung ngepung Batavia nu kaduakalina leuwih
dipentingkeun. Tah sanggeus ieu, Sultan Agung nembe ngadamel tindakan keur
urang sunda nu teu nurut ieu. Di taun 1630M Sultan ngirim prajurit ka Ukur
jeung Sumedang, ngan eleh. Kamungkinan elehna Pasukan ti Mataram ieu teh di
Gunung Lumbung. Tapi pamer kakuatan pasukan Mataram ieu, nuwuhkeun kasieun
keur urang Sunda. Urang Sunda ngabagi-bagi kakuatan jeung mencar di
gunung-gunung. Aya sabagean nu menta "perlindungan" ka Batavia, hayang
cicing deukeut Batavia, jeung aya oge nu menta tulung ka Banten. Haryoto
Kunto, kuncen Bandung, kungsi nulis dina PR, kumaha urang Sunda tatan-tatan
keur nyanghareupan tantara Mataram, ku nyiptakeun lagu sandi, nyaeta " Ja
Leu Ja" :
"Ja Leu Ja!"
"Ja Tula Tuja emang"
"Anjing ka tinggang songsong"
" ........."
Ieu "sandi" ngabejaan ka sakebeh urang Sunda nu ngadenge, yen Jawa geus
datang, rek nyerebu ......
Sultan Agung, nu waktu nyerebu nu kahiji pasukanana bisa dielehkeun ku Urang
Sunda, tatan-tatan deui rek nertibkeun Priangan anu baruntak. Raja Cirebon
diparentahkeun maju ka Ukur jeung parjuritna keur numpes nu barontak. Lamun
henteu Sultan Agung rek nelasan "100 budak belian milik raja Cirebon nu aya
di kota Mataram". Di awal bulan Mei 1631M, jelema dikumpulkeun ti
sabudeureun Cirebon. Di Cirebon aya 70 kapal laut Mataram nu katingali ku
Kapal Perang Kompeni nu kabeneran ngaliwat. Urang Walanda (Kompeni) kaget,
da disangkana Mataram rek nyerebu deui Batavia. Tapi sangkaan Kompeni salah,
kapal-kapal Mataram teh asup ka Walungan Cimanuk. Kakara di Bulan Agustus
1631 aya warta ka urang kompeni, aya rewuan prajurit Mataram nuju wewengkon
Ukur jeung Sumedang. Di Bulan Juli 1632, aya wartos ti Banten, pasukan
Mataram nu jumlahna kurang leuwih 40.000 urang nyerbu ka Ukur, ngancurkeun
jeung ngusir padumukna, sedengkeun " kaum inohong sadayana diteunggeulan
dugi ka palastra".
Carita urang Sunda ditelasan kalawan telenges, aya dina catetan poean
(catatan harian) urang Walanda nu jadi tahanan Mataram. Nu nyieun laporan
ieu teh namina Abraham Verhulst, juru mudi kapal nu ditawan Mataram. ceuk
manehna, aya 1260 urang lalaki Sunda nu asup ka panto gerbang Trayem nu
sanggeusna tepi ka Mataram, dibariskeun terus diteuteuk beuheungna.
Tapi aya sababaraha urang Sunda nu bisa lolos. Dina tanggal 2 Januari 1632
aya saurang Sunda nu dibawa ka jero benteng Walanda. Urang Sunda ieu ngaku
buronan ti Ukur nu sajero tilu bulan nyumput di leuweung gerot. Manehna
sabenerna tiluan, ngan dua urang deui maot dikerekeb maung. Oge aya
sababraha urang nu dina tanggal 14 Januari 1633M ditewak ku kapal walanda di
Walungan Untung Jawa. Maranehna ngaku nu lalumpatan ti Sumedang jeung Ukur,
sieun ku tantara Mataram. Ceuk maranehna Urang Sunda nu sejenna nyaliingkir
ka gunung-gunung. Di gunung-gunung ieu pamingpin urang Sunda, Kiai Demang,
netep jeung pasukanana nu paling kuat. Kiai Demang ieu kamungkinan gede
Dipati Ukur, nu ceuk De Haan kakara nyerah ka Mataram di taun 1635 jeung
dalapan umbulna. Aranjeunna dicandak ka Mataram teras dihukum pati kalawan
telenges.
Kakara di tahun 1636M Priangan tengtrem deui, dinu hartina di Priangan teu
aya deui pasukan ti Mataram.
Baktos,
WALUYA
(nu keur sorangan di imah, pamajikan jeung barudak arulin, pedah libur
..........)
New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC for low, low rates.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

