Baraya,
Kamari, poe Juma'ah, sabalikna ti Panaruban ba'da peutingna ngobrol jeung Abah Olot (Kang Rachmat Satjamanggala) + Apih (Kanduruan Kartakusuma, teu make "daeng" kanduruan anu ieu mah da asli US) + Kang Wawan Sungkawa, memeh pengkolan ka Boscha dina lebah tetengger makom R. Otto Iskandardinata, jajalaneun pinuh ku mobil anu diparkir. Pon kitu deui, ti mimiti di jalan nepi ka pajaratan "Si Jalak Harupat", kitu kasohorna jujuluk Gan Otto Iskandardinata alm, pinuh ka jalmi anu nuju tafakur sareng ngado'a bangun hidmat kacida. Nalika rurar-reret neangan jawaban kapanasaran, breh kapireungeuh aya spanduk kalawan tulisan : "Mieling Lahirna Pahlawan Otto Iskandardinata, Si Jalak Harupat...jst". Horeng poe Juma'ah kamari, tanggal 31 Maret 2006, eta poean dilahirkeunana pahlawan Nasional, Si Jalak Harupat. Teungteuingeun ieu diri, teu wanoh kana weweton pahlawan Nasional ti wewengkonna sorangan, pangapunten.
Pahlawan Nasional ti TS, Si Jalak Harupat. Memang loba ti antara urang anu masih poekeun kana sajarah anjeunna. Utamana, mangsa-mangsa akhir kahirupanana tug nalika anjeunna dipundut ku anu Maha Kawasa, mulih ka jati, mulang ka asal. Iraha, dimana, jeung kumaha Si Jalak Harupat tilar dunya masih "misteri" nepi ka ayeuna. Eta cenah aya makom sisi jalan memeh anjog ka Lembang ti Bandung, anu saha? "Eta anu dikurebkeun di dinya mah ukur getih anjeunna tilas ditandasa di wewengkon Puncak, Bogor, keur pangeling-ngeling ka anjeunna. Anapon mayitna mah teu aya anu uninga dimana dikuburna", saur Apih waktu si kuring tatanya. Sakolebat kaingetan deui pangajaran sajarah baheula keur smp, yen tetela geuningan Si Jalak Harupat teh kaasup pahlawan anu kuburanana sapuratina teu jelas, hawatos teuing.
Saterusna, derekdek Apih ngadongeng waktu kuring neruskeun tatanya. Ringkes carita Apih teh kl kieu: "Otto Iskandardinata teh pinter pisan jeung kacida kapakena ku rahayat, lain wae di Tatar Sunda, malah sa-Nusantara mangsa harita. Kuring boga kayakina, lamun Pa Otto panjang yuswana, kana anjeunna anu baris kapilih jadi presiden, ngelehkeun BK (ras emut kasauran Apih tadi peuting waktu ngobrol: "barina oge Presiden Indonesia anu mimiti teh satemenna lain BK, balikta Syafrudin Prawiranegara. Ari Syafrudi tea....tingal atuh nami pengkerna, apan tunggal US anu ti leuleutik nepi ka sawawa dikukut jeung digedekeun ku hiji kulawarga di wewengkon Padang, Sumatera Barat). Tah, aya sagolongan jelema anu iri dengki kana kapinunjulan Si Jalak Harupat. Nya der wae ieu golongan teh nyieun rencana durja, ngiwat nepi ka mateni anjeunna. Di daerah Puncak ditandasa jeung di patenina mah".
Duh...karunya teuing.
Balik ti Panaruban anjog ka kantor terus mariksaan posting-posting di milist. Breh aya postingan ti Bah Wily ngeunaan pahlawan Dipati Ukur....bati ngalimba deui wae. Karek oge raat cimata panineungan ka Si Jalak, geus aya deui wae sajarah "tragis" US anu jadi pahlawan. Aya naon ieu teh? Hate gegerot. Ngan anu jadi pengeling teh cariosan Apih tadi peuting: "Urang Sunda anu sajati, jembarna manusa sadayana anu tos nyangking kasadaran, hirupna moal sakaba-kaba, sok sanajan keur kawasa tara kalunta-lunta; moal daek licik nepi ka iraha oge, sabab tuhu kana uga. Tapi, lain hartina urang teu kudu bajoang. Bajoang tetep diperlukeun, eta proses. Ngan hasil mah geus aya anu ngatur. Sing yakin wae, hiji waktu bebeneran baris ngarongheap jugala ngelehkeun kajahatan".
Cag.
baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

