Leres pisan eta teh sapuk sareng pamadegan sim kuring, kahade urang kedah wanti-wanti tarapti milari jalan kumaha supados dina ieu masalah tiasa janten laukna beunang caina herang, kadituna urang situasina tiis ceuli herang panon, poma urang ulah kejot borosot nangtoskeun sikep, margi hanjelu mah tara tipayun. Oge aya samentawis komentar dina Media Indonesia dinten ieu, majarkeun teh ieu masalah kusabab koran di Indonesia, RM (Rakyat Merdeka)? mayunan ngahina inohong Australia? Kuring milari eta tudingan naha leres kitu?, namung luput teu kapendak. Cobi saha wae baraya urang anu uninga, cobi uningakeun di ieu milis supados urang langkung taliti malah mandar suasana janten "cooll" sakumaha kang AA Misan. Cag heula, Baktos kuring;
tams.   

AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tuh geuning  Alexander Downer (Menlu Australia) sorangan kuciwa jeung ambek ku ayana karikatur nu bener-bener ngahina SBY (bangsa Indonesia), malah ngaluarkeun statemen yen karikatur SBY-Papua (PR Minggu 02 April 2006) ieu teu sing ngawakilan rahayat Australia (Na ngawakilan pihak atawa kelompok benua Kanguru nu mana nya ?).
 
Misan==

AA misan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Kuring yakin sing saha bae nu masih ngaku urang Indonesia kitu deui nu aya di luar nagri boh nu geus jadi warganagara asing komo nu masih tetep nyekel paspor Indo tinangtu ngambek, keuheul jeung murka mun seug ningali gambar SBY keur............. jeung dulur urang ti Papua ,malah aya kamungkinan hayang habek-habek ngabales si kartunis urang Australia boh ku jalan ngirim deui gambar balesan  (kira-kira urang Australia nu mana nya ?) atawa kamungkinan ngirim balesan naon bae nu bakal leuwih nyeri hate eta si kartunis Australia . Kuring jeung baraya kusnet liana nu keur kokoreh jeung nyiar elmu di nagri deungeun estu olohok molotot mata simeuteun teu percaya barang ningali gambar SBY jeung dulur urang ti Papua keur 'kitu' . Bet asa kabina-bina teuing eta tatangga urang. Saha nu teu bakal ambek ningali pamingpin urang dihina jiga kitu.Dina hate, hade goreng oge pamingpin aing, siah !
Tapi ke heula anan, ulah waka ngalajur napsu ngumbar amarah, komo bari ngaruksa atawa ngaduruk atawa musnahkeun aset-aset nu kapimilik ku nagara tatangga urang ieu sabab aya kamungkinan pihak katilu (boh timana bae) nu bakal keprok surak
mun seug ningali nagara urang pegat hubungan diplomatik jeung Australi,oge teu mustahil yen gambar SBY-Papua teh made-in pihak katilu. Komo mun nepi kajadian perang mah. Tinangtu pihak katilu ieu bakal surak ngigel bakat ku bungah cita-citana laksana nyaeta ningali nagara urang jeung Australia dor-dar.No One Wins At War, kitu ceuk basa deungeun mah, da emang bener eta statemen teh.Contona ? Naha enya Bush meunang (baca : the winner) dina perang Iraq ? Teu pisan-pisan
Ku kituna yu urang sulidik heula naon sababnya oge ti pihak mana si kartunis Australi eta bet 'tega-teganya' ngagambar kartun jiga kitu. Urang tembongkeun ka nagara deungeun lian ti Australia yen bangsa urang mah lain tipe bangsa nu resep ngaruksak,ngaduruk barang batur (padahal barang urang sorangan sab aya di nagara urang keneh) ku sabab 'dileketek' jiga kitu. Kuring yakin oge percaya yen bangsa urang mah bisa ngajadikeun musuh jadi babaturan ku jalan teu ngalakonan pagawean nu sipatna ngaruksak. Omat ulah ujug-ujug sahaok kadua gaplok. Sabar heula. Cenah mah (ieu lain ceuk kuring ) yen 'Patience Solves Problems'
Stay cooooolll, baraya . (Ieu mah pamadegan kuring pribadi)
 
Baktos
Misan.
 
 

Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mupakat Kang Gibson... Salian ti kitu, SBY jeung dulur urang ti Papua teh dianggap (punten) anjing... Sok ah, caringcing pageuh kancing caringcet pageuh iket...!!!

AJ

Lodaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun,
Hade goreng Presiden Nagara Urang.....
Ieu kitu gajala Audipus kompleks teh...? Naha...? sabab sagala rupa
teh digambarkeun ku aktivitas seksual...? Naha taya cara ngagambarkeun
anu leuwih wajar?

Ag./bdg.

--- In [email protected], "Agus Hermawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mangga toong di
http://www.theaustralian.news.com.au/cartoon
>
>
>
> >
> >                  
> > ---------------------------------
> > Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low
> rates.
> >
>






Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low rates.


Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less.


Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less.


New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC for low, low rates.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke