Gambar kartun nu SBY jeung urang Papua. leres pikasebeleun, tapi ulah poho, NU NGAMIMITIAN nyieun kartun anjing keur "taeun" teh, koran urang, Rakyat Merdeka (anu logo koranna beureum geuning). Kartunna teh Juragan Howard keur "numpakan" Menluna Downer. Sigana koran Australia teh "males" nyieun kartun nu sarupa. Leres pisan teu kudu ambek da dua koran ieu teu ngawakilan Rakyat Indonesia atawa Rakyat Australia ...........anggap we heureuy nu kamalinaan, heureuy tapi teu sopan.
Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: AA misan To: [email protected] Sent: Sunday, April 02, 2006 10:03 AM Subject: [Urang Sunda] Ulah waka ngumbar amarah..... Stay Cool...... Kuring yakin sing saha bae nu masih ngaku urang Indonesia kitu deui nu aya di luar nagri boh nu geus jadi warganagara asing komo nu masih tetep nyekel paspor Indo tinangtu ngambek, keuheul jeung murka mun seug ningali gambar SBY keur............. jeung dulur urang ti Papua ,malah aya kamungkinan hayang habek-habek ngabales si kartunis urang Australia boh ku jalan ngirim deui gambar balesan (kira-kira urang Australia nu mana nya ?) atawa kamungkinan ngirim balesan naon bae nu bakal leuwih nyeri hate eta si kartunis Australia . Kuring jeung baraya kusnet liana nu keur kokoreh jeung nyiar elmu di nagri deungeun estu olohok molotot mata simeuteun teu percaya barang ningali gambar SBY jeung dulur urang ti Papua keur 'kitu' . Bet asa kabina-bina teuing eta tatangga urang. Saha nu teu bakal ambek ningali pamingpin urang dihina jiga kitu.Dina hate, hade goreng oge pamingpin aing, siah ! Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

