Kamari
rebo teh kaping 29 Maret, rencana libur panjang bade damel di bumi..ti kantor
teh nambut notebook sagala..lumayan libur panjang teh, susuganan aya pagawean
anu bisa dikelarkeun, ..
Na
atuh wengi2 teh tabuh 7 si bibi nga sms, ngajak uih ka tasik isukan isuk
cenah..atuh gura giru beberes.
Tereh,
dugi ka garut teh tabuh satu siang, mampir ka ua ( gaduh ua di garut ayeuna mah
:)....si ua ngadongeng wae...saurna mah di garut waktos pengumuman hasil pns,
aya nu demo......sekda garut cenah mah( punten nya bilih aya wargina sekda garut
di dieu...), mani kacida pisan....ceuk beja, budakna saopat2 lulus janten pns,
dugi ka calon mantuna 3an oge ..lulus...sedengkeun anu tos ngahonor mang welas2
taun..bujeng2....deudeuh teuing, pok bapak sekdana teh cenah...tenang wee atuh
da taun hareup oge aya deui pengangkatan....ditembalan kunu demo teh..muhun
bapak bisa tenang da tuh.tingalin satujuh2 anak mantu bapak lulus
sadaya...
Teu
abis pikir, naa atuh..ceuk abdi mah, eta putra2 sekda teh, teu moretekar..maksud
teh, teu nyoba nengan pidameleun anu sejen di kota.. perusahaan, atanapi
wiraswasta....da sedengna oge sekda mah orang mampu, mampu nguliahkeun, mampu
ngamodalan,...
Pedah
ketang ari kahoyongna ka pns mah, nya teu nanaon, asal...bener teu eta teh lulus
murni hasil tes?, mampu di gawe teu? ulah ngan ukur kongkow2 teu puguh makan
gaji buta,..ulah ngandelkeun aji mumpung bapak aing, ah duka teuing
ketang.
Jumaah
enjing, sarapan mani nikmat, TO plus sambel ledok, asin sepat, sareng
gorengan tempe anu rangu.
Dinten
jumaah siang bada jumaah, amengan ka gunung galunggung da ti singarparna
mah caket, euh mani resep, ngojay di cipanas, mani jejeretean teu kiat ku
panasna, resep2 teh ngojay, di seseret wae ku salaki, ulaah lila2 ngojayna
cenah, bilih cape teuing.....emam siang ngalembrak di sasaungan, samel ledok
deui, sepat deui, pepes ikan mas, osreng picung sareng lalab
...
Satadina mah hoyong ngabaso di tasik teh di baso
simpati, mung teu kabujeng, pedah di ciputri oge aya, baso merdeka, ah
lumayan...
Mung
kantos balanja panci2an we di pasar singaparna...
Sabtu,
uih deui ka tangerang...cape tapi resep, pidameleun utuh....
Mangga
nuhun
Nia
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

