bada Jumaahan kamari, si kuring make full pede, datang ka hotel Savoy
Bidakara di jl. AA tea. pede we sanajan teu make ondangan. teu kudu di
ondang uing mah. heuheu.

enya, rek nyaksian, KORAN SUNDA medal munggaran. salah asup, ka lobby
hotel, jadi langsung ka ballroom hotel. kasampak kang Uu Rukmana pamingpin
umum nuju biantara. hayang boga koranna, nya ka ruang resepsionis, ngeusi
buku tamu, nulis standar, mang jamal, alamat KUSnet. heuheu

meunang hiji tah Koran Sunda teh. diilikan. reueus euy. koran dina format
siga KORAN TEMPO, siga tabloid tea, 16 kaca. hanjakal teu aya rubrik
opini, duka acan. aya beja judulna kieu, 35.000 awewe menta talak. duka
eusina mah teu dibaca, da ngan di ilikan wungkul. beuuu..meureun sa tatar
sunda eta teh. mun uing ngawin 1000 urang randa, masih aya keneh 34.000
deui. heuheu...

gupernur jabar, walikota bdg, oge inohong bdg sarumping. kang ibing salaku
redaksi aya, ngabodor sakedap di panggung sareng bah nano oge kang cepot,
eh, Asep Sunandar Sunarya.

the pangaos korana Rp. 1.500,0 medal unggal dinten cenah. mingguna, anger
koran Kujang tea, cek kang Uu Rukmana.

teu lami di savoy, da muru ka galeri sumardja di senirupa itb. aya diskusi
ngeunaan swingpink eta, seni instalasi nu make anjas paligir. senimanan
agus suwage, alumnus senirupa itb. moro ka dinya teh, sugan pendak kang
Tisna, keur ngolo sangkan mere Endorsement/komentar pikeun novel ka 4.
pedah aya carita seni grafis sagala. heuheu..

sorena terus bareng kang hawe ka hotel Bumi Asih. da tos nyampak kang
Mikihiro. uplek ngobrol.basa sundana lemes pisan. jadi siga urang sunda
cabang jepang. heuheu.


mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke