Enya sigana mah MJ. Tatar Priangan relatif ayem tentrem ti taun 1636M 
(ti saprakna pasukan Mataram newak Dipati Ukur) dugi ka taun 1940M 
(400 taun!). Salami eta teu aya peperangan gede, teu aya bupati nu 
barontak ka walanda. Tatar Priangan mimiti "riweuh" waktu jaman 
Jepang. Si Jepang ieu ngajajahna teu make "elmu", maen "paksa". 
Contona urang Sunda dititah nyembah panonpoe, disaruakeun jeung 
maranehna. Atuh puguh keur KH Z. Mustapa nu di Tasik mah (leres kitu 
nulisna?), ieu teh ngalanggar akidah, barontak ka Jepang. Padahal 
anjeunna teu kantos barontak ka Walanda mah.

Jaman revolusi mah, puguh deui da sistem dirobah tea. Aya nu hayang 
republik, aya nu hayang jadi nagara Islam (DI/TII). Akibatna Tatar 
Priangan jadi tempat "campuh", nu teu aman-aman salami 20 taun 
leuwih. Matak teu aneh keur kolot baheula nu ngalaman "tilu jaman" 
mah (jaman Walanda, Jepang jeung Merdeka) nyebut jaman Walanda teh 
Jaman Normal ....

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sigana bah, tipe masyarakat model karajaan atawa feodal di urang 
harita sami
> atawa teu pati benten sareng di walanda. nu memang nepi ka ayeuna 
oge
> walanda masih karajaan sanajan tos moderen, gaduh parlemen oge 
perdana
> menteri. raja atawa ratuna, Ceu Betrix ngan ukur lambang cenah.
> 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke