saleresna mah tos ti kapungkur kahoyong teh. ngadamel majalah sunda nu saur kang Ush Kompas mah, nu gaul. kang MGT kantos oge miwarang pangnyetingkeun, dina page maker. mun teu teras. harita artikelna kirang, jaba kang MGT mah teu ngoboy ari nyerat teh. daria bin seurieus. heuheu. waragad ongkoh duka nyarumput dimana. rencana namina teh tos aya, US, tina urangsunda tea. heuheu
kamari pendak sareng kang Ajip Rosidi. beu ieung sugan teh rek mere duit, kalah ka bantuan cenah Iday CUpumanik neangan nu rek masang iklan kanggo cupumanik, ka nu boga Papandayan jeung sajabana. abdi ngawaler, yeh, abdi oge gaduh hanca, kieu we ayeuna mah kang Ajip medalkeun buku2 sunda (kiblat buku utama), yayasan abdi nu meseranana kanggo pabukon di desa2. rada ngahuleng kang Ajip teh, teu apaleun peta KUSnet tos kitu. mangle nu tos kahot ti baheula aya, beh dieu cupumanik, seuseut nu pasang iklan teh. aya bank jabar. Hese Apih ngabandingkeun sunda sareng korea mah. urang Korea mah homogen. janten kompak siga jepang. urang sunda oge homogen ketang, tapi waragadna yeuh. kedah aya seksi ingkig dana sareng distribusi. abdi tiasa produksi, da ayeuna ge pemred majalah pangulinan triwulanan. sakali cetak kadang2 sarebu upami aya wisuda nu standar mah lima ratus, 36 kaca. hideung bodas. ongkos cetak 3.5jt-an. haratis, distribusi cap perangko nu kaluar mah. muhun, ayeuna di bdg tos rada aya majalah haratis kitu, sok disimpen di kafe atawa tempat sanes, bahasa indonesia, muhun seueur iklana. peryogi AE jagoan. Account Excecutive alias tukang milari iklan. -------------- Mang J, kedahna Kusnet oge medalkeun "tabloid" mingguan basa Sunda, haratis.... dibagi-bagikeun ka sakola-sakola, sareng masyarakat. mung peryogi modal awal, salajengna mah waragad sugan tiasa katutup ku biaya masang reklame. Kabita di Korea khususna di kota Seoul aya sababaraha tabloid haratis (dintenan), dibagi-bagikeun distatsion sub-way, statsion, terminal malih mah ditiap parapatan aya kotak husus kanggo nyimpen eta tabloid, anu peryogi tinggal nyandak. Panghasilanana mah cekap tina biaya masang "reklame". Sok ahhh... urang tatan-tatan, maenya batur tiasa .... ssw mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

