Heuheuheu... teu ku hanteu nya eta kang AR, ngajenggut kanu gundul....
Sok lahhhh...wargi Kusnet anu ahli AE, majeng kapayun....geura tandang makalangan.....,
Aya hiji ka-PD-an, kumargi tabloidna haratis tos tangtos sumebarna langkung nyulusup kasadaya lapisan masyarakat, mugia janten "pelet" kapara pangusaha kanggo masang iklan.
 
ssw


mj [EMAIL PROTECTED]
saleresna mah tos ti kapungkur kahoyong teh. ngadamel majalah sunda nu
saur kang Ush Kompas mah, nu gaul. kang MGT kantos oge miwarang
pangnyetingkeun, dina page maker. mun teu teras. harita artikelna kirang,
jaba kang MGT mah teu ngoboy ari nyerat teh. daria bin seurieus. heuheu.
waragad ongkoh duka nyarumput dimana. rencana namina teh tos aya, US, tina
urangsunda tea. heuheu

kamari pendak sareng kang Ajip Rosidi. beu ieung sugan teh rek mere duit,
kalah ka bantuan cenah Iday CUpumanik neangan nu rek masang iklan kanggo
cupumanik, ka nu boga Papandayan jeung sajabana. abdi ngawaler, yeh, abdi
oge gaduh hanca, kieu we ayeuna mah kang Ajip medalkeun buku2 sunda
(kiblat buku utama), yayasan abdi nu meseranana kanggo pabukon di desa2.
rada ngahuleng kang Ajip teh, teu apaleun peta KUSnet tos kitu.

mangle nu tos kahot ti baheula aya, beh dieu cupumanik, seuseut nu pasang
iklan teh. aya bank jabar.

Hese Apih ngabandingkeun sunda sareng korea mah. urang Korea mah homogen.
janten kompak siga jepang. urang sunda oge homogen ketang, tapi waragadna
yeuh. kedah aya seksi ingkig dana sareng distribusi. abdi tiasa produksi,
da ayeuna ge pemred majalah pangulinan triwulanan. sakali cetak kadang2
sarebu upami aya wisuda nu standar mah lima ratus, 36 kaca. hideung bodas.
ongkos cetak 3.5jt-an. haratis, distribusi cap perangko nu kaluar mah.

muhun, ayeuna di bdg tos rada aya majalah haratis kitu, sok disimpen di
kafe atawa tempat sanes, bahasa indonesia, muhun seueur iklana. peryogi AE
jagoan. Account Excecutive alias tukang milari iklan.






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke