sim kuring meureun kalebet US nu kirang puas kana sajarah parahyangan. sim kuring kantos ngawulang pelajaran Sajarah Indonesia di SLTA di Jakarta. tina sababaraha buku, aya perbedaan, aya nu ngan saukur nyaritakeun di tanah sunda kantos aya kerajaan Pajajaran, titik. tapi aya oge nu jelas pisan nyaritakeun pajajaran ti ngawitan ngadeg, raja-rajana, sampe hancurna.
Sim kuring tumaros ka diri sorangan. Bener teu pernah aya karajaan pajajaran nu salah sahiji rajana prabu siliwangi ? pajajaran jeung siliwangi teh sajarah atawa legenda sapertos sangkuriang ? lamun sajarah sim kuring can seueur terang paninggalanana. Dimana lokasi pusat karajaannana, naon wae paninggalanana.
Upami tarumanagara, seueur bukti yen pernah aya karajaan tarumanagara. cek buku aya 9 prasasti paninggalan tarumanagara.
Siliwangi jeung pajajaran teh sajarah atawa carita rakyat ?
khususna punten ka mang jamal, sim kuring hoyong terang pendapat anjeun.
Nuhun
Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Dear,Nuhun keur baraya nu sok mere artikel sajarah Parahyangan.... mun aya nu sejen... sok di kintun keun ka diyeu.. urang sunda.. abdi sok nge"save" dina word jeung dina jeroning hate...Laut kidul kabeh katingali
ngembat paul kawas dina gambar
ari ret tebeh kaler
Batawi ngarunggunuk
lautna mah teu katingali
ukur lebah-lebahna
semu-semu biru
ari ret ka kaler wetan
Gunung Gede jiga nu ngajakan balik
meh bae kapiuhan
Matak waas pacampur jeung sedih
gunung-gunung kabeh narembongan
Gunung Pangrango ngajogo
bangun di harudum
ngadagoan nu tacan sumping
nyeri dumeh ditilar
nguyung wuyung karungrum
nya dijieun Pangrango ciciren nagri
nagara Pajajaran
Pajajaran tilas Siliwangi
wawangina nukasilih jenengan
kiwari dayeuhna Bogor
batutulis nukantun
kantun liwung jararadi pikir
mikir tulisanana
hanteu surud liwung
kokojoan teuteulueman
di Ci[ha]liwung nunjang ngidul
Siliwangi nuus di Pamoyananmun teu leupat...... iye teh aya tutulisan teh aya dina Babad Tanah Sunda nya..?? abdi pernah ngaos dina Koran KOMPAS .. tulisan iyeu teh.... ngisahkeun salah saurang satriya nu dibere tugas ti kerajaan pakuan nepi ka kerajaan cirebon mun teu leupat mah.. kituWassalamAldo Desatura
HrD PT Rals. Tbk.----- Original Message -----From: Agus K "PAKUSARAKAN"Sent: Tuesday, April 04, 2006 12:35 PMSubject: Re: [Urang Sunda] Sunda lain Bali , Bali lain Sundamun inget iyeu sok inget acara na tipi perkawis "pure agung parahiangan"
kumaha tah barudak...
On 4/3/06, .:: kIPeR pERsIb ::. <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Laut kidul kabeh katingali
ngembat paul kawas dina gambar
ari ret tebeh kaler
Batawi ngarunggunuk
lautna mah teu katingali
ukur lebah-lebahna============================================================
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

