Kuring lain Mj. Tapi rek nyobaan ngajawab. Jawabana deet. Maklum elmu 
sajarah kuring atah keneh. Teu nanaon, pan?

wawan sukmana wrote:

> sim kuring meureun kalebet US nu kirang puas kana sajarah parahyangan. 
> sim kuring kantos ngawulang pelajaran Sajarah Indonesia di SLTA di 
> Jakarta. tina sababaraha buku, aya perbedaan, aya nu ngan saukur 
> nyaritakeun di tanah sunda kantos aya kerajaan Pajajaran, titik. tapi 
> aya oge nu jelas pisan nyaritakeun pajajaran ti ngawitan ngadeg, 
> raja-rajana, sampe hancurna.

Loba teh buku nu mana wae kang? Geus penah maca buku Ensiklopedia Sunda, 
Cirebon, dan Jakarta nu dijieun ku kang ayip rosidi jeung 
rerencanganana? Geus pernah maca buku Sejarah jawa barat? Buku proyek 
pemda jabar nu dijieun ku Ceu Nina Ginanjar, ahli sejarah?

Atawa akang penah maca tulisannana ahli-ahli sejarah sunda nu sejena 
semisal..(poho, euy).

>  
> Sim kuring tumaros ka diri sorangan. Bener teu pernah aya karajaan 
> pajajaran nu salah sahiji rajana prabu siliwangi ? pajajaran jeung 
> siliwangi teh sajarah atawa legenda sapertos sangkuriang ? lamun 
> sajarah sim kuring can seueur terang paninggalanana. Dimana lokasi 
> pusat karajaannana, naon wae paninggalanana.

Titinggalana nu masih aya cobaan ulin ka Cirebon. Didinya masih ngadeg 
keneh Kraton Kasepuhan, Kraton Kanoman, Kraton Kacirebonan. Apal lain 
yen menak Cirebon teh masih turunan menak Sunda, Menak padjajaran?

Atawa ulin ka Banten. Sarua kenah menak banten nya menak sunda keneh.

Terus nu kamari di gali ku menteri agama (jaman ibu presiden ibu mega?) 
Cing eta prasast titinggalan saha?

>  
> khususna punten ka mang jamal, sim kuring hoyong terang pendapat anjeun.
>  



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke