Wilujeng MJ acarana lancar tur hade...

wargi kusnet tina bedah buku eta kuring kataji ku 
sumangetna + palasipahna Mikihiro.

sumanget :
"hayang nyusun buku anu dibaraca keneh dugi ka 100 taun" 
(cenah rata2 mah buku teh dibaracana ngan ukur nepi ka 5 
taun).

palasipah:
"lamun urang nyokot/nginjeum kudu mulangkeun" nya anjeuna 
mulangkeun elmu pangaweruh ngeunaan kasundaan  anu rumasa 
geus dicokot/diinjeun ku anjeuna dina wangun buku 
"SEMANGAT BARU" anu tangtu wae gede pisan mangpaatna keur 
urang sunda anu daek ngamangpaatkeuna he.he..., salian ti 
eta royalti hasil ngajual buku eta, sadayana digebrokeun 
jang ngabantu masarakat aceh anu keuna ku sunami.
"abdi mah teu gaduh naon-naon" ceuk kang Miki teh bari 
nyerengeh.

cag!
sonirosa

On Thu, 6 Apr 2006 10:39:01 +0700
  "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> tipayun sim kuring nganuhunkeun laksa keti kabingahan ka 
>pangersa baraya KUSnet nu tos kersa sumping ka acara 
>mesek buku kang Miki, Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya 
>Cetak dan Kesastraaan Sunda abad ke-19. diantawisna Uwa 
>Sasmita -nu seratana perkawis naskah Sunda koleksi Snock 
>dinten ieu dimuat di Kompas Jabar- nu parantos kersa 
>sumping. oge kang Soni Jeknyeh, teu kalangkung teh Puppi 
>-nu nuju bureyeung- ti Jatinangor.
> 
> nu matak helok, aya hiji ibu tos rada sepuh, sihoreng 
> Kartawinata nu fotona aya dina jilid buku eta teh uyutna 
>pisan. beu..
> oge aya salah saurang turunan Moh. Moesa -cenah Moh. 
>Moesa teh rama akina. tos rada sepuh oge. 
> 
> rempeg kadang wargi nu sumping, nungtutan. ti upi,unpad, 
>disbudpar, perpus daerah jabar, koran, sababarah dosen 
>upi unpad, jrrd.
> prof. edi s ekadjati teu janten sumping nuju teu damang. 
>aya bah Nano S, nu bumina kantos kacicingan Miki taun 
>80-an.
> 
> Acara teh sabenerna mah diformat dua bahasa, bahasa 
>indonesia jeung tangtuna basa sunda. ngan pa rektor nu 
>nyarios dina sambutanana ku basa indonesia. saterasna 
>mah, kang miki ku basa sunda. atuh prof. iskandarwassid 
>ti upi oge janten ku basa sunda, padahal makalahna 
>diketik ku basa indonesia. ditarjamahkeung langsung ku 
>anjeuna dina podium. kang teddy mah makalahna dina basa 
>sunda. 
> 
> sugema acara langcar. hatur nuhun ka kadang wargi nu tos 
>ngadukung ieu acara, utamina teh Ika nu parantos mantuan 
>waragad. tiasa nyuguhan ka nu sumping ku kueh dus sareng 
>aqua. 
> 

========================================================================================
Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya 
dan hadiah total senilai 60 juta rupiah
hanya di http://www.plasa.com
========================================================================================
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke