Ieu mah kadar babagi pangalaman nu ku kuring kaalaman tadi beurang.
Tara ti sasari bet hayang nginum kopi di warung kopi Starbuck da biasana mah cukup ku sa cangkir coffeemix di imah, kopi ' three in one' tea asli ti PT Sari Incofood Indonesia. Ceuk hate ah sakalian bari maca USA Today ongkoh sa jam satengah deui boga jangji papanggih jeung sobat ti Lexington, Kentucky.nu harita tangtuna oge masih keneh di jalan. Rek ditelepon heula, kitu ceuk gerentes hate. Keur jongjon maca koran bari sakapeung noong tipi nu naplok dina tembol, ana jorelat teh kapireng si Mr Playbor Hugh Hefner keur digembrong ku opat bule bahenol nu 'super badag' dadana jeung gareulis (punten bisi babasaan kuring rada garihal),mun teu salah mah MissJanuary 2004 Colleen Shannon, MissApril 2005 Courtney Culkin jeung Playmate of the year 2005 Tiffany Fallon (Heuheuy deuh kuring apal keneh ngarana), awewe nu hiji deui mah duka teuing saha ngarana. HItam manis, kiriting jeung
geulis. Teu lila eta CNN teh nembongkeun Playboy Amrik, kurang leuwih duapuluh detikan. Sugan teh rek hattam eta per-Playboy-an teh, geuning diteruskeun ku sual majalah Playboy Indonesia. Bet naha jiga nu geus badami ieu Playboy Amrik jeung majalah Playboy Indo teh.Kuring mah bener-bener muji ka majalah Playboy Indo nu cacakan kakara lahir geus bisa nincak Amrik (CNN), boa-boa Playboy Indo teh franchise Playboy Amrik.Ah teuing ketah.
Ngan hanjakal eta volume tipi teh laun pisan atuh kuring teu nyaho naon nu keur diomongkeun ku CNN teh, tapi tangtuna oge moal jauh tina masalah dua majalah nu terbit di barat jeung di timur. Aya ketah teks nu sajorelat katingali ku kuring nyaeta ngaran Kartika MissApril jeung gambar (duka gambar saha) awewe palebah bujal jeung tuur wungkul, ari beungeutna mah weleh teu ditembongkeun,tapi eces jeung transparan katingali calana jerona najan dierok oge.Duka dierok duka disepan ketah.
Beu ! Naha geuning majalah kitu patut
bisa lahir di nagara urang (baca : nagara myoritas Islam) nu tangtuna oge jelema-jelema jegud nu aya di pamarentahan teh urang Islam lolobana mah, lin kitu baraya ? Jeung teu ngarti kuring mah naha bet Mentri Penerangan (?) mere idin terbit ?Boa-boa engke mah Playboy Indo nu masih keneh 'sopan' teh saeutik-saeutik dieusi ku gambar-gambar mojang bulucun. Nu satadina 'sopan' jadi brukbrak 'bulucun' palebah 'taeun'. Teu mustahil mun geus nganomer hijikeun duit jeung kauntungan mah, sagala oge di-OK-keun .
Oge teu mustahil bakal lahir majalah-majalah 'aduhey' liana jiga Hustler versi Indo,
Hardcore versi Indo, Penhouse versi Indo jrrd...jrrd...jrrd mun seug majalah Playboy Indo nu aya ayeuna diantep tumbuh-berkembang alias teu diduruk nepi ka akar-akarna (jeung penerbitna).
Naha rek dibawa kamana nya nagara urang teh ?
Geus ah, lieur tujuh kuriling yeuh.Ongkoh rek nelepon sobat.
Salajengna mah teu
langkung baraya nu masih keneh mikacinta jeung mikadeudeuh nagara urang katut turunan urang.
Baktos
Misan .
Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

