>From: AA misan
>  Sugan teh rek hattam eta per-Playboy-an teh, geuning diteruskeun ku sual 
> majalah Playboy Indonesia. Bet naha jiga nu
> geus badami ieu Playboy Amrik jeung majalah Playboy Indo teh.Kuring mah 
> bener-bener muji ka majalah Playboy Indo nu
> cacakan kakara lahir geus bisa nincak Amrik (CNN), boa-boa Playboy Indo 
> teh franchise Playboy Amrik.

Leres Kang AA, Playboy Indonesia teh franchise ti Playboy International. 
Ceuk cenah eusi Playboy edisi Indonesia 40% ti Editor ti Indonesia sareng 
60% deui ti puseurna di Amerika. Saleresna Majalah franchise di Indeonsia 
aya sababaraha hiji. Lamun teu lepat mah Cosmopolitan, FHM kanggo kaum 
pameget. Kanggo kaum istri oge aya, ngan hilap deui nami majalahna. Majalah 
elmu pangaweruh populer, "National Geographic", oge aya edisi Indonesiana.

Perkawis majalah pameget sateuacan Playboy medal, jeung eusina rada 
"haneut", aya sababaraha hiji di Indonesia. Diantawisna Matra, Popular, FHM, 
Male Emporium ( majalah ieu kantos ngadamel artikel anu ngahina wanoja 
Sunda). Ceuk wartos, majalah-majalah ieu langkung "hot" tinimbang Playboy 
nomer munggaran nu nembe medal.

Kumargi eusi Playboy "biasa-biasa" wae, katingalina mah pamarentah rada hese 
ngalarang/ngabredel Playboy Edisi Indonesia. Margi teu aya larangan (UU) nu 
ngalarang jalmi ngamedalkeun majalah nu namina "Playboy". Nu tiasa ditindak 
ku pamarentah upami eusi majalah eta ngalanggar UU di urang. Contona aya 
gambar bulucunna. Tapi upami teu lepat UU Pers di urang teu tiasa 
ngabredel/nutup majalahna, tapi ngahukum Pemimpin Redaksina, ari majalahna 
mah tetep we tiasa medal. Peryogi oge terang RUU-APP nu ayeuna nuju dibahas 
di DPR oge, moal tiasa ngalarang hiji nami majalah.

Hiji-hijina jalan supados Playboy atawa majalah "hot" sanesna kapok "lebet" 
ka Indonesia, nyaeta ku jalan dibaikot, TONG DIBAREULIAN!!!!


Baktos,
WALUYA




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke