Wa'alaikumsalaam,

Bilih karaos abot pami nyukcruk sajarah Sunda, mangga cobi pilari dina dadaran sajarah Jakarta, pasti nyabit2 ngeunaan Tome Pires, urang Portegis (awal abad ka-16 asana mah, jaman dipingpin keneh ku Sri Baduga Maharaja) nu kungsi sindang ka Sunda Kalapa. Tah, si Pires teh nuliskeun dina laporanana yen Sunda Kalapa teh salah sahiji palabuan Karajaan Sunda. Ceuk ahli mah, perenahna teh di wewengkon Bogor. Dina sababaraha laporan ekspedisi Walanda jaman awal2 ngajajah urang, cenah mah ruruntuk 'istana' Pakuan Pajajaran teh aya keneh, najan geus meh bae ancur, sabab geus ditinggalkeun salila kira 2 abad (tisaprak dirurug pasukan Banten tea).

Bisi katrangan ieu mah loba teuing salahna, sae pilari bae buku2 sajarah Sunda, sugan di Gramedia Matraman aya (pikeun nu di Jakarta). Atuh komo di Bandung mah, asal keyeng bae neangna, hehe...

jk

On 4/11/06, wawan sukmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum
 
Punten ka sadayana, sim kuring sanes Sejarawan. Sim kuring masih panasaran kana Babad Pajajaran. Pajajaran jeung Prabu Siliwangi teh bener sajarah atawa Carita Rakyat sapertos Sangkuriang. Pajajaran teu aya bukti peninggalan sajarah, benten jeung Tarumanagara nu ninggalkeun seueur prasasti. Aya teu pajajaran teh nya ? Lamun aya dimana pusat kekuasaanna ? Naha antara Pajajaran jeung Galuh sok di samikeun ? padahal cenah mah ari Galuh mah di daerah Ciamis, ari pajajaran dimana ?

--
sikandar
su.wikipedia.org


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke