hubunganna mah tarumanagara hindu.. mahabarata sareng ramayana hindu. nya meureun seueur nami daerahna (karajaan bawahanna) kenging tina ieu dua kitab.

 

ngan anu pernah dibaca ku sim kuring ngeunaan indraprasta mah sanes nami nagara. tapi nami karatonna karajaan amarta. ieu karaton mangrupakeun duplikatna karaton batara indra di kahiyangan, nu disebut kaindran.

deha

On 4/11/06, [EMAIL PROTECTED] < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kamari, teu ngahaja mendakan hiji catetan sajarah ngeunaan karajaan Tarumanegara. Sapaliwat ku Abdi diilo. Eusina aya nu matak panasaran kana hate. Ceunah, dina eta catetan disebatkeun yen waktos Purnawarman janten raja, karajaan Tarumanegara ngagaduhan karajaan-karajaan 'bawahan' nu kaetang seueurna diantawisna we aya karajaan Indraprasta sareng Alengka. Tah anu janten kapanasaran teh, naha eta karajaan Indraprasta sareng Alengka aya kaitannana sareng karajaan-karajaan nu aya dina carita Mahabharata sareng Ramayana....??!!

Numutkeun carita Mahabharata sareng Ramayana (kaleresan Abdi gaduh bukuna hehehe...), karajaan Indraprasta teh hiji karajaan nu aya di tatar (nagara) India (ayeuna), nu asal muasalna mangrupakeun leuweung geledan Amarta, nu dihadiahkeun ka para putra Pandu (Pandawa Lima tea) ti Prabu Destrarata (lanceukna Pandu) raja Hastinapura. Teras, karajaan Alengka oge hiji karajaan nu aya di tatar (nagara) India (ayeuna), wewengkonna luas, karajaanna
beunghar, nanging hanjakal rajana nu katelah Prabu Rahwana hiji raja nu dholim. Manehna hiji mangsa kungsi ngiwat Dewi Shinta, istrina Sri Rama tea.

Cingan aya nu kersa masihan bongbolongan teu, naon hubungannana karajaan Indraprasta sareng Alengka nu janten karajaan 'bawahan' Tarumanegara, sareng karajaan Indraprasta katut karajaan Alengka nu aya dina carita Mahabharata oge Ramayana...??!!


Baktos,


Ono Taryono

--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke