Tah perkawis Alengka, sim abdi kenging wartos tinu kantos mukim di India sarerng Srilangka.
Saur "cenah", Srilangka teh asalna tina kecap Alengka, malih mah seueur keneh ngaran-ngaran tempat
anu masih aya hubungan sareng tempat-tempat dinagara Alengka.
Malih mah aya sabangsa monyet anu disebat "monyet hanuman"....
Duka atuh, da eta oge ceuk beja.
ssw
hubunganna mah tarumanagara hindu.. mahabarata sareng ramayana hindu. nya meureun seueur nami daerahna (karajaan bawahanna) kenging tina ieu dua kitab.
ngan anu pernah dibaca ku sim kuring ngeunaan indraprasta mah sanes
nami nagara. tapi nami karatonna karajaan amarta. ieu karaton mangrupakeun duplikatna karaton batara indra di kahiyangan, nu disebut kaindran. deha
Kamari, teu ngahaja mendakan hiji catetan sajarah ngeunaan karajaan Tarumanegara. Sapaliwat ku Abdi diilo. Eusina aya nu matak panasaran kana hate. Ceunah, dina eta catetan disebatkeun yen waktos Purnawarman janten raja, karajaan Tarumanegara ngagaduhan karajaan-karajaan 'bawahan' nu kaetang seueurna diantawisna we aya karajaan Indraprasta sareng Alengka. Tah anu janten kapanasaran teh, naha eta karajaan Indraprasta sareng Alengka aya kaitannana sareng karajaan-karajaan nu aya dina carita Mahabharata sareng
Ramayana....??!!
Numutkeun carita Mahabharata sareng Ramayana (kaleresan Abdi gaduh bukuna hehehe...), karajaan Indraprasta teh hiji karajaan nu aya di tatar (nagara) India (ayeuna), nu asal muasalna mangrupakeun leuweung geledan Amarta, nu dihadiahkeun ka para putra Pandu (Pandawa Lima tea) ti Prabu Destrarata (lanceukna Pandu) raja Hastinapura. Teras, karajaan Alengka oge hiji karajaan nu aya di tatar (nagara) India (ayeuna), wewengkonna luas, karajaanna
beunghar, nanging hanjakal rajana nu katelah Prabu Rahwana hiji raja nu dholim. Manehna hiji mangsa kungsi ngiwat Dewi Shinta, istrina Sri Rama tea.
Cingan aya nu kersa masihan bongbolongan teu, naon hubungannana karajaan Indraprasta sareng Alengka nu janten karajaan 'bawahan' Tarumanegara, sareng karajaan Indraprasta katut karajaan Alengka nu aya dina carita Mahabharata oge Ramayana...??!!
Baktos,
Ono Taryono

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.