aduh abdi kangeun pisan ka kuningan iraha tah kebun raya kuningan teh enf di palim mana ayana maksadna wewengkon mana
dedi --- ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya, > Ping 28-29 Maret 2006, kuring Kuningan kenging > pancen ti kantor. Waktos pendak sareng Bupatina, > Aang Suganda, ngobrol rupi-rupi, diantawisna > perkawis rencana ngawujudkeun Kebon Raya Kuningan. > Saleresna kuring parantos ngadangu rencana ieu ti > Kang Oman taun kamari, mung teu terang tos dugi > kamana tahapan kagiatanna. Gening parantos aya > rintisan nu matak reueus. Master Plan parantos > didamel ku LIPI sareng Kebon Raya Bogor, akses jalan > tos dijanjikeun ku Dep. PU, bibit ti Dep Kehutanan. > Rencana legana 171 hektar di sisi Taman Nasional > Gunung Ciremai. Aya keneh tanah milik masyarakat nu > kedah dibebaskeun. Bupati ngingetkeun yen waragad > Kebon Raya teh mun bisa mah yeu nyoceng APBD > Kuningan, maklum PAD mung 32 milyar, ari urusan > seueur pisan, APBD 300 milyar seueurna ti bantuan > Pusat jeung sawareh Provinsi. Ku kituna kakirangan > waragad rek meredih ka Pusat jeung provinsi, saurna. > Mung sakaterang kuring ti Pemprov asa can terang > kana rencana eta, duka kuring pedah beda bidang. > Jalaran waktos diskusi di Bapeda, ping 5 April, ti > Dinas Kehutanan Jabar naroskeun, naha bet ngadamel > Kebon Raya? Matak riweuh, kudu kitu kudu kieu, > kuring olohok, naha babaturan ti Dishut teu acan > terang yen rencana teh parantos ngawitan ditaratas? > Kuring mah reueus pisan ka Kabupaten Kuningan nu > ageung pisan perhatosan kana masalah konservasi alam > jeung lingkungan. > Waktos ping 29 Maret, ningal ka rencana lokasi > Kebon Raya, jalan masih heureut, eta bade dilegaan > tea ku Dep PU. mung cekap samobileun, nanjak, lebet > ka leuweung jeung kebon campuran nu seueur dipelakan > tangkal emping, eh tangkil. Sugan teh moal mendak > jalmi, eh gening seueur rumaja nuju paduduaan di > luhur teh, hehehe..... Oge mendak lembur caket > lokasi, gening aya keneh urang Kuningan di sisi > gunung. > Ieu mah sakadar oleh-oleh. Mangga nyanggakeun foto > situ Darma, suku Ciremai, sareng gunung-gunung > peuntaseun Ciremai. > > Baktos, > ika > > IMG_1146 > IMG_1156 > IMG_1158 > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

