eh...naha ieu teh siga anu teu ngalarti bae pan geus jelas sing saha anu miluan kana milis ieu sabisa-bisa kudu ngagunakeun basa Sunda soal salah benerna keun da moal dicarekan ieuh, pan ngarana oge KUSNET alias Komunitas Urang Sunda di Internet anu tujuanana pikeun ngamumule basa jeung budaya Sunda (diantarana). tuh naon geus dikopikeun ku kang Dedi pan sakitu ebreh jeung atrana (jelasna).
cag...ah, "kkbm'69" #sibungsu/K-7# > Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet] > 1. Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna di mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki, sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun kedah jentre. supados teu disasaha. > 2. E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah jeung loma. > 3. Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa nasional atawa Inggris. > 4. Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire, jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon. > 5. Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang. > 6. Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun. > 7. Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. > 8. Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, wadah di darat KUSnet. > K U N C E N > leres teu kang kuncen??? > wassalam, > dedi > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

