tuh urang jadi bingung kieu..
naha arah diskusina jadi kana penggunaan bahasa, kan mun eta mah (berbahsa di milis urang sunda) geus diatur dina undang-undang milis urang. ato bahasa jadi salah sahiji faktor masih eksisnya sunda. sok atuh saya mengharapkan milis ieu teh jadi ladang ilmu oge pikeun urang sunda.

Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Abdi bade mairan sakedik. "Basa Indon", anu sanesna keun bagean anu
ahli.
Basa Indon the basa mana ???
Indonesia pangintennya ??
Teu kedah di singkat2 atuh kang..eta teeh pan basa sarerea / nasional
urang oge...
Terus terang abdi sok ngarasa kasigeung di dieu oge....upami di sebat
Urang Indon ku urang Brunei atanapi Malaysia, saur abdi teeh "kalian
kalau di sebut orang Bronx atau Malay, terima ga? Ti saparak harita, teu
aya deui anu nyebat ka abdi orang Indon, nya nyarebat uran Indonesia.
Kitu tahh ka kang Irvan...punten ah...sanes mamatahan ngojay ka meri...

Baktos,
Yosep


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Irvan Faizal
Sent: Wednesday, April 12, 2006 1:30 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: Mengapa orang Sunda haru Eksis: Oto-kritik

para saderek,

Nuhun pisan kasadayana tos di'dukung' (meureun?) atawa dicarekan (?)
he..he... Geuning anggota milis ieu teh balalageur.

Terus terang para saderek, abdi teh rada sieun (jelasna mah era) make
bahasa sunda di milist ieu, nya eta sunda abdi teh kasar. Cenah mah
didieu teh seueur nu sepuh, nu para tokoh, jeu nu hararebat, etc.
Jadi sok rada era lamun rek nga-reply email di milist ieu teh nang
ukur nanyakeun naon hartina 'kata' ieu teh. Kitu alasan abdi teh para
saderek ...

Tapi di-reply pak(?) jk ieu (dihandap), abdi ge ngarasa pisan
daripada hese jeung loba salah, geus we make bahasa indonesia. Jadi
abdi ge rada loba ninggalkeun kana basa sunda teh ... punten we
lah ...

Kanggo Kang Dudi, ari ngobrol mah tangtu make bahasa sunda (sanajan)
jeung urang priangan atawa kuningan. Da biasana ari ngobrol mah tos
terang rerencangan teh nu kumaha sarta rerencangan teh tos terang ka
abdi teh yen sundana teh sunda badag. Jadi meureun rada nga-maklum.

Tapi sok rada gondok oge sih, lamun papanggih jeung urang bandung nu
ngaku urang sunda, pas diajakan ngomong basa sunda eh ...terus we
ngajak ngobrol na maka bahasa indonesia. Padahal abdi teh terang
pisan yen manehna teh urang bandung asli, soalna ari ngobrol jeung
istrina mah make basa sunda. Jadi sok rada rugi ngobrol teh lamun teu
dijawab ku basa sunda deui, jadi we ... basa indon deui basa indon
deui ... padahal geus sono ngobrol make basa sunda teh ... (maklum
keur ngumbara)

salam,
irvan


>
> Kasalahan kalolobaan urang teh sigana mah model kieu, yen daripada
hese &
> loba salahna mun make basa Sunda, nya mending ditinggalkeun, make
we basa
> Indonesia, pasti kabeh ngarti. Hal ieu, mun dibandingkeun jeung basa
> Inggris, sigana mah alatan basa Sunda geus teu dianggap penting.
Coba we mun
> urang loba salahna dina make basa Inggris, pasti hayang diajar deui
sangkan
> bener, sangkan leuwih lancar & hade. Hanjakal, sikep kitu teh teu
nerap dina
> basa Sunda mah, da geuning lolobana milih ninggalkeun...
>
> Di ieu milis, teu kasebutkeun kudu make basa Sunda nu lemes, atawa
kudu make
> basa Sunda Priangan, atawa kudu make basa Sunda Kuningan. Pek bae,
pokona
> mah basa Sunda. Kuring bae tadi nepi ka 'dedewekan', da caritana
mah ambek.
> Heuheu... Mun aya nu ngageunggeureuhkeun teh, kuring bisa tarima.
>
> jk
>









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links








How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates.


Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke