Kunaon urang kedah nganggo basa Sunda?
Pertarosan eta kedang dikapayunkeun sateuacan urang diskusi langkung panjang. Abdi dina email ieu nganggo basa Sunda sanes sieun ku otoritas atanapi ku saha, atanapi sieun di kaluarkeun tina ieu milis, tapi hoyong ninglikeun yen email abdi kamari nu ku basa Indonesia sanes balaga atanapi kumaha, tapi mung saukuur soal pilihan pragmatis. Tah di dieu pentingna urang kanggo ngemutan kana substansi basa.
Aduh, teu ngarti euy. Heuheu... Punten, Kang Amin. Mugi kersa ngabejerbeaskeun eusi alinea di luhur...
Para wargi tangtos tos maca buku Miki Moriyami nu diterbitkeun KPG. Jelas pisan di dinya: basa Sunda nu ku urang dianggo ayeuna ternyata 'diciptakeun' ku kolonialisme. Ieu hiji bukti manunggalna pengetahuan sareung kawasa nu tos dipedar ti kawit Francis Bacon dugi Michel Foucault.
Upamana bener basa Sunda diciptakeun ku kolonialisme Walanda, ari basa nu dipake jaman karajaan Salakanagara, Kendan, Tarumanagara, Galuh, Sunda, Banten, Cirebon, Sumedanglarang, nepi ka abad ka-17, basa naon atuh nya? Kapan jaman harita mah Walanda can nepi ka urang...
Oge ngeunaan Bacon jeung Foucault, mugi Kang Amin kersa ngadadarkeun langkung jentre...
Penciptaan basa Sunda tangtos nyandak kepentingan nu jelas: supados urang Sunda ditundukkeun (dihegemoni) lewat basa. Ieu nu kedah ku urang diemutan. Sabab basa mangaruhi cara urang berpikir. Kunaon urang Sunda dugi ka kiwari katingalna kirang gaduh peran dina panggung wacana ka-Indonesia-an tiasa dipilari tina hal ieu. Urang kedah naros: kuanon aya undak-unduk basa?
Ceuk cenah mah, basa teh mekar kawas epolusi. Baheula mah, jaman Nabi Adam, meureun ukur aya hiji basa. Jelema beuki loba, lajeng beuki sumebar, atuh kabudayaanana oge mekar, kaasup basana. Baruk urang Sunda dijajah teh ku basana sorangan? Kela, can kaharti ku kuring mah... Baruk basa Sunda teh ngabalukarkeun teu punjulna urang Sunda dina tataran pulitik Nasional? Naon hubunganana? Kapan nu boga basa Indung teh lain urang Sunda wungkul? Urang Jawa ge pan boga basa Jawa, naha geuning bet teu kapegung ku basana?
Ngeunaan undak-usuk basa Sunda, sabenerna mah geus mindeng dipadungdengkeun di ieu milis. Ceuk cenah nu kungsi nalungtik basa Sunda, undak-usuk basa Sunda teh diciptakeun ku menak Sunda-Priangan nurutan peta Sultan Agung nu nyiptakeun undak-unduk basa Jawa (nalika Priangan dijajah ku Mataram). Undak-usuk ieu diciptakeun pikeun nyiptakeun jungkrang antara menak jeung cacah.
Pertarosan model kieu kedang sering diajukeun, sangkan wacana ka-Sunda-an semarak. Para wargi katingalna asa rada emosional dina nanggapi email ti abdi. Abdi teu bendu, tapi asa langkung bijak pami basa-basina langkung dikapayunkeun. Panginteun ieu nu disebat 'nyunda' teh.
Leres, kedahna mah basa-basi dikapayunkeun, komo ku jalma nu anyar pinanggih mah. Mun teu basa-basi, nya balukarna kitu, nu sejen pada nyorongot. Heuheu...
Hiji deui: basa teras berkembang, termasuk basa Sunda. Tapi ayeuna seueur urang Sunda nu teu nganggo deui, terutami budak ngora, kunaon?
Leres pisan, basa teh terus mekar, teu ngajentul kitu bae. Ku kituna, mun urang maca naskah-naskah kuna, urang bakal manggih kekecapan nu aheng, nu kiwari teu ilahar dipake ku urang Sunda, padahal eta teh basa Sunda. Eh, enya kitu basa Sunda teh mekar? Boa-boa kalah ngariut... meotan?
Ngeunaan barudak Sunda nu teu marake basa Sunda, pilihan pragmatis kitu? Heuheu... Atawa, gara2 ngarasa teu 'keren' mun make basa Sunda? Da kapan ayeuna mah basa gaulna teh basa 'elu-gue'. Tapi, piraku dipakena basa Indonesia ngaganti basa Sunda dianggap kamekaran basa Sunda mah...
Cikan, numutkeun Kang Amin, perlu teu urang miara basa Sunda? Mun perlu, naon perluna? Atawa urang 'podaran' bae? Naon atuh margina basa Sunda make jeung kudu dipodaran sagala? Mangga diantos...
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

