Ke .... punten kuring mah asa kirang ngartos, subyekna "Transformasi 
basa Sunda: perlu!", tapi ningali eusi posting kang Amin teu nyabit-
nyabit eta. Naha maksadna basa Sunda kedah ditransformasikeun kitu, 
pedah ayeuna dina basa Sunda teh aya undak-unduk basa, nu nunjukkeun 
urang Sunda teh gaduh sifat "hierakis" (tingkat-tingkat)?. 

Tah umpama kitu, kuring rek naros ka Kang Amin, dina tataran 
praktisna kudu kumaha transformasi basa Sunda teh?. Sabab upami 
ukur "slogan" jeung retorika wungkul mah, hese nangkep kana  
maksud "gagasan" Kang Amin teh. Cobi guar didieu nu praktisna ulah 
retorika wungkul, mudah-mudahan jadi padungdengan anu aya eusina keur 
kamajengan basa Sunda.

Hatur nuhun,
WALUYA
   
--- In [email protected], amin mudzakkir <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Maksad basa sunda 'ciptaan' kolonial nyaeta: wacana nu ngalingkupi  
waktos basa sunda cobi di tata ulang sareng 'diresmikan' dina akhir  
abad ka-19 dugi ka awal abad ka-20 nyaeta wacana 'kolonial'. Ieu  
nyangkut wacana orientalisme nu tos dipedar jentre pisan ku Edward  
Said, nu ayeuna diteorisasikeun janteun teori poskolonial. Yen 
wacana  pengetahuan nu ngalingkupi pengertian tentang identitas diri  
bangsa-bangsa timur, termasuk bangsa sunda, 
ngarupikeun 'representasi'  kuasa kolonial.






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke