Ngaramekeun ah ….. nambahan peer
Geuning urang
Jepun nu make huruf ti nagri
tatangga Cina, kunaon bet bisa maju ? Padahal mun noron
ka batur di sakola sok dicarekan
guru… cing kumaha tah kang ?
Baktos,
Budhi
Kurono kopo
241
-----Original
Message-----
From: [email protected]
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf
Of amin mudzakkir
Sent: Wednesday, April 12, 2006
7:51 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Basa Sunda:
sakral?
Para wargi tangtos tos maca buku
Miki Moriyami nu diterbitkeun KPG. Jelas pisan di
dinya: basa Sunda nu ku urang dianggo ayeuna ternyata 'diciptakeun' ku
kolonialisme. Ieu hiji bukti manunggalna pengetahuan sareung kawasa nu tos
dipedar ti kawit Francis Bacon dugi Michel Foucault.
Penciptaan basa Sunda tangtos nyandak kepentingan
nu jelas: supados urang Sunda ditundukkeun (dihegemoni) lewat basa. Ieu nu
kedah ku urang diemutan. Sabab basa mangaruhi cara urang berpikir. Kunaon urang
Sunda dugi ka kiwari katingalna kirang gaduh peran dina panggung wacana
ka-Indonesia-an tiasa dipilari tina hal ieu. Urang kedah naros: kuanon aya
undak-unduk basa?
Pertarosan model kieu kedang sering diajukeun,
sangkan wacana ka-Sunda-an semarak. Para wargi
katingalna asa rada emosional dina nanggapi email ti abdi. Abdi teu bendu, tapi
asa langkung bijak pami basa-basina langkung dikapayunkeun. Panginteun ieu nu
disebat 'nyunda' teh.
Hiji deui: basa teras berkembang, termasuk basa
Sunda. Tapi ayeuna seueur urang Sunda nu teu nganggo deui, terutami budak
ngora, kunaon?
Hatur nuhun
Yahoo! Messenger
with Voice. Make
PC-to-Phone Calls to the US (and 30+
countries) for 2ยข/min or less.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS