Bah, bulan Mulud biasan saur para sepuh mah (kapungkur) seueur kajajaden MAUNG. Cirina kajajaden maung (nu mangrupakeun jelema), eta jalma teh teu aya UNTAPan (nu rada celong luhureun biwir, handapan irung di daerah kuring disebutna untap).
Baktos Jaka --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Teu kungsi lila Mang Ape ngagorowok: > " Bulan naon ieu teh, euy?" > " Mulud, tanggal tilu!", ceuk nu dihandap. > "Bulan Mulud? !!!", Mang Ape siga nu kaget, terus > turun tuturubun. > Geus dihandap, manehna hariweueus dina deukeut pucuk > teh aya sato > sagede anjing, nu jelas lain bajing. Nu dihandap aya > nu ngomong : > "Careuh meureun Pe, lain dikeperkeun wae atuh" > "Teuing careuh, teuing naon, uing kakara nempo, tapi > ayeuna bulan > Mulud, hayu ah .....urang baralik we", ceuk Mang Ape > teh kalahka > ngajak balik. > > Kacida kuring hanjeluna, da geus kabayang moro > careuh, tangtu leuwih > resep deui, Tapi ras oge dongeng Nini yen di bulan > Mulud teh pantang > tataekan, nuaran kai jeung moro sato. Ceuk cenah > bisi pahili moro > kajaden nu dina bulan Mulud teh nuju ngabring ka > Cirebon nyekar ka > Makam Sunan Gunung Jati ti tempatna ti leuweung > Sancang di Garut. > Duka sato naon, nu kapendak ku Mang Ape teh dugi ka > tuturubun turun > kitu, tepi ka ayeuna oge kuring lamun inget, sok > panasaran. > > > WALUYA > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

