Aduh, punten lepat nya…hatur nuhun dilereskeun baraya! Heheh….
Emmmm….raraosan mah leres Kang Agus sareng asa cop kana manah, “Pasar Dadakan”.
 
Abdi emut urang Sunda mah pan sok diterjemahkeun kana basa Indonesia nu hartosna ampir sami. Pami teu lepat kamari kecap “jongkok” ku Kang Emod mah janten jongko, padahal jongko teh kios paragi dagang.
 
Abdi mah sok hoyong gumujeng, di kantor aya rupi2 seler sejen, ti Riau, Jawa, Cina mah puguh deui…ari bade ka kamar mandi teh sok kieu,”Aduh, saya kebelet pipis ke aer dulu yaaa…”
Eta teh pan basa Sunda di ka Indonesia keun? Ke aer = ka cai.
 
Kamari di angkot pendak sareng 1 ibu bangsa Cina sareng dua putrana nyarioskeun tugasna ngagambar dina basa Indonesia tapi diSundakeun,”Ini yang Tabita, yang Kokoh ini…” Pami diSundakeun mah kieu,”Ieu nu Tabitha, nu Aa ieu…”. Kecap yang = punya.
Teras ibuna teh nyarios deui,”Kalau dikasih uang jajan teh kudu dibeulikeun ke makanan yang sehat, kaya jus…jangan makanan yang kotor, sakit perut! nanti dibabet sama mamih!” Heheh... teu kiat abdi hoyong gumujeng tapi isin...tungtungnamah mung tiasa keom.
 
Janten teu ngemut deui nyerat Pasar Reuwas = Pasar Kaget.
cr
 
 
 

>>> [EMAIL PROTECTED] 04/24/06 12:58PM >>>
Tah, pas kang Agus narjamahkeun teh. Sapuk, upama "pasar kaget" arek ditarjamahkeun, pibasa-sundaeunana teh nya "pasar dadakan" tea.
 
manAR

 
On 4/24/06, Agus K PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sundana mah atuh lain pasar reuwas tapi pasar dadakan - meureun ketang


On 4/24/06, [EMAIL PROTECTED] < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Aya komen sakedik Teh Roro...,
Dupi "Pasar Kaget" tiasa disundakeun janten "Pasar Reuwas" kitu....??!!Heuheuheu raraosan mah teu merenah pami eta kecap disundakeun. Duka ketang da Abdi mah sanes ahli bahasa, mung masih keneh diajar nyarios sareng nyerat sunda.


Baktos,
OTA



"Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

04/24/2006 10:32 AM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc

Subject
Re: [Urang Sunda] poe kartini (?)







Meungpeung teu acan haseum pami angeun tea mah, nembe 3 dinten kalangkung ….
 
Dinten Minggu kamari, biasa enjing2 sok sepor lulumpatan di wewengkon Lanud Sulaiman nu masih keneh beresih hawana, seueur keneh tatangkalan, sawah & kebon. Satos ngalaksanakeun "kawajiban" lumpat ½ lapangan landasan, salangkungna mapah bari tenga-tengo ningalian nu dagang disisi jalan. Rupi2 ti sayur dugi ka kudung (jilbab), waw! nyaan siga Pasar Reuwas (Pasar Kaget) da mung aya saminggu sakali.
 
Nuju jongjon ningalian bari ngatur napas nu hah heh hoh, breh di bah sawah aya bebegig (jajalmian paragi nyingsieunan manuk) tapi teu nganggo dudukuy katambih rada aneh teu nganggo lancingan pangsi tapi …. nganggo kabaya, kembang2 kayas sareng hejo….emansipasi teh teu dina jalmi wae tapi tos dugi kanu bebegig heheh…
punten ah, heureuy...
cr

 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






--
---- Koperasi Amanah Sunda -----
Terima pesanan, Jeket, sandal, sepatu, tas dll (kulit), oge nampi pesenan, Ranginang Garut, Dodol garut, Wajit jjeng rea rea deui,
Order call --> 08128377662
=================================
PT. Smarthub Technologies
Produk-Produk Yang Kami Miliki
Software
-RSsmart = sistem Informasi RUmah Sakit
-MCSmart = Klinik
-VHP     = Program untuk hotel
-PPIc    = Material Manajemen
-ApotikZ = Apotik
-Billz   = Billing warnet
dan software2 lainnya

juga tersedia produk
-HIT = Mesin Absen pritnfinger
-Teh Neax200 IPS = Mesin PABX


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke