Mungkin sakedahna patarosanna anu digentos, sanes
naroskeun sabab musababna, margi hal ieu mah anging
Alloh anu uninga anu netepkeun aturan kitu. Saluyu
sareng eta, patarosanna anu kedah digentos janten
"naon hikmah disapengkereun diharamkeunnana daging
babi?". Upami patarosanna kitu, jelas aya jawabanna
margi seueur hasil panalungtikan para ahli.

Baktos
Jaka

--- [EMAIL PROTECTED] wrote:

> Saleresna padungdengan ngeunaan ieu jejer dimimitian
> ku imel Abdi nu
> naroskeun naon sabab musababna daging babi
> diharamkeun dumasar kana suroh
> Al Baqarah ayat 173. Ieu patarosan teh mucunghul
> lantaran aya kapanasaran,
> rasa hoyong terang tea, susuganan we aya diantawis
> baraya kusnet nu tiasa
> medar ngeunaah sabab musababna atanapi saur para
> ahli mah 'asbabun
> nuzul'-na. Kumargi cenah, saur guru ngaji Abdi
> kapungkur di kampung,
> satiap ayat Quran nu diwahyukeun ka kanjeng Nabi teh
> aya 'asbabun
> nuzul'-na.
>
> Punten, sanes niat Abdi hoyong masoalkeun eta
> larangan nuang daging babi.
> Teu pisan-pisan nun.....
>
> Sok sanaos kitu, alhamdulillah seueur elmu nu tiasa
> dipulungan ku Abdi ti
> pairan-pairanna Akang-Teteh baraya kusnet sadaya.
> Abdi ngahaturkeun
> mangrewu-rewu nuhun.
>
> Baktos,
> OTA
>
>
>
>
> "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent by: [email protected]
> 04/24/2006 12:55 PM
> Please respond to
> [email protected]
>
>
> To
> [email protected]
> cc
>
> Subject
> Re: [Urang Sunda] Re: Naon Sababna Daging Babi
> Haram(Saur saha daging babi
> diharamkeun....?)
>
>
>
>
>
>
> Rampes,

> Talatah Kang Gibson teh, mun dibasakeun ku anu
> saujratna, meureun kieu:
> "tinimbang ngamasalahkeun atawa ngotektak neangan
> sabab musabab Pangeran
> ngaharamkeun ngadahar daging babi (anu geus qot'i
> atawa teu kudu
> dipasoalkeu deui) mendingan neangan atawa
> natanyakeun atawa ngamasalahkeun
> sabab musabab masih lobana kajadian korupsi di
> nagara urang  jeung cara
> ngahulagna.

> Daging babi geus jelas diharamkeun, ieu urusan atawa
> wilayah Pangeran.
> Nepi ka iraha oge lamun neangan sabab-musabab
> ilmiahna moal aya anggeusna
> kana wilayah otoritas Pangeran mah. Malah bisa jadi,
> lamun hiji sabab tina
> katerangan paelmuan dicekel salaku kayakinan, bisa
> mengparkeun kayakinan
> urang kana aturan Pangeran. Sabab, paelmuan tea
> sifatna relatif, gumantung
> data jeung bukti anyar.

> Anapon korupsi, jelas-jelas akibat sosialna sakitu
> gedena. Apan agama teh
> utamana keur ngatur kahirupan hirup kumbuh
> masyarakat, sanes? Hayu urang
> milih-milih skala prioritas dina madungdengkeun hiji
> hal teh, sangkan teu
> mubah tanaga jeung pikiran.

> baktos,
> manAR
>


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke