Tong lepat..aya oge merek sapatu pameget tos aya ti
tahun 70an namina Palyboy, aya keneh ayeuna ge,
modelna sararae teu porno...! (Eh..iklan....). Mugi..
ieu sapatu teh ulah disangki keur nu balalangor
atanaos anu teu ngadukung UU Porosot Nolol tea.....
========================
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> --- In [email protected], "syam ridwan"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Karek apal geuning ngaran
> > playboy teh lain ngan ukur ngaran majalah wae,
> tapi aya oge merek
> > kaos kaki ........
>
> Kang SR, dua minggu kamari kuring jeung pamajikan
> ulin ka BSM (Bandung
> Super Mall), nganteur si Bungsu nu hayang nempo si
> Aming, bodor dina
> Extravaganza TransTV. Ari si Bungsu mah jeung
> lanceukna pasedek-sedek
> lalajo si Aming, kuring jeung pamajikan mah
> kukurilingan nempoan
> barang. Pas luak-lieuk, aya hiji toko sapatu, make
> tulisan "SALES",
> mani galalede. Ngagiridig kadinya, ningalian dina
> etalasena. Geus
> kosong morongpong, ngan dina etalase jeung ubinna,
> pabayatak
> kertas/logo "Kelinci make dasi" (lambang Playboy),
> sigana maruragan,
> bakating ku laku. Hanjakal kuring keur kutud, jadi
> teu wani asup, ngan
> noel ka pamajikan, bari ngaharewos :"Kuduna toko ieu
> oge disweeping,
> eta lambang Playboy mani pabayatak kitu!"
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

