palebah dinya, enya cenah kungsi aya ayat nu model kitu. nu inget teh,
soal Khamar atawa sarupaning arak inuman nu matak mabox. cenah ieu
mah, asalna teu diharamkeun, tapi sanggeus kapanggih yen akibatna loba
gorengna tibatan alusna, nya kaluar larangan, yen khamar teh haram.

beh dieu ku para ahli, kapanggih yen nu matak mabok dina inuman teh
alkohol, enya alkohol, sanes alketip atawa almunium, jadi inuman teh
diatur kadar alkoholna. biasana bir, maksimal kandungan alkoholna
maksimal 5%, mun nu sejen, nu asup kelas spirit (wiski, vodka, jeung
sajabana) sok aya nu nepi ka 40%, matak mun eta cai wiski diasongan
seuneu, sok hurung. beu...

ceuk cenah deui, di Brazil (beh ditueun Burujul) mah loba mobil nu
bahan bakarna teh lain bensin, tapi alkohol.

perkawis nyandung oge cenah, ayatna turun saatos perang, nu
ngabalukarkeun seueur randa (randa nu ieu duka sahana gusti randa
yeuh).


jeung sajabana

peun ah

--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
> Saleresna padungdengan ngeunaan ieu jejer dimimitian ku imel Abdi nu
> naroskeun naon sabab musababna daging babi diharamkeun dumasar kana
suroh
> Al Baqarah ayat 173. Ieu patarosan teh mucunghul lantaran aya
kapanasaran,
> rasa hoyong terang tea, susuganan we aya diantawis baraya kusnet nu
tiasa
> medar ngeunaah sabab musababna atanapi saur para ahli mah 'asbabun
> nuzul'-na. Kumargi cenah, saur guru ngaji Abdi kapungkur di kampung,
> satiap ayat Quran nu diwahyukeun ka kanjeng Nabi teh aya 'asbabun
> nuzul'-na.
>
> Punten, sanes niat Abdi hoyong masoalkeun eta larangan nuang daging
babi.
> Teu pisan-pisan nun.....
>
> Sok sanaos kitu, alhamdulillah seueur elmu nu tiasa dipulungan ku
Abdi ti
> pairan-pairanna Akang-Teteh baraya kusnet sadaya. Abdi ngahaturkeun
> mangrewu-rewu nuhun.
>
> Baktos,
> OTA
>
>





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke