kecap "badarat" leres henteu pas dina kalimah Kang Iim ieu:"...malah nurutkeun itungan waktu mah tanggal 21 April teh tos badarat di Indonesia". Leuwih hade, upama arek make kiasan, kecap "badarat" di dinya diganti ku kecap "eunteup". Jadi kieu meureun kalimah anu lengkep subyek, obyek jeung kateranganana teh:"....malah tanggal 21 April oge Teh Netty teh (ceuk beja) geus kudu eunteup (atawa sumping) di Indonesia".
 
Pamugi aya manfaatna.
 
baktos,
manAR
 
 

 
On 4/25/06, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten cep Im..., palih handap aya kecap "badarat"....
raraosan mah henteu pas sareng kalimat sanesna....,
upami teu lepat mah badarat = mapah.
maksadna mah panginten "mendarat" (bhs.Indonesia),
Punten ahhhh....
 
ssw

kang_boim [EMAIL PROTECTED]
Geuning tanggal 29 April poe saptu ayeuna seren sumeren hadiah Sastra
Rancage teh...? deuh hanjakal yeuh geus aya acara ti pangulinan rek
rafting (arung jeram) ka pangalengan, satadina mah lamuna aya acara
seren sumeren Sastra Rancage hayang ngilu nguluuhan bari lalajo...deuh
ku hanjakal pisan...
tanggal 30 poe Ahadna acara di Subang jadi saurna, tapi ngenaan teh
Netty tos dugi acan ka Indonesia sim abdi oge keur nungguan beja malah
nurutkeun itungan waktu mah tanggal 21 April teh tos badarat di Indonesia.

"kkbm'69"
-MJ ari ka subang bade sareng saha/rombongan mana...?
-teh Netty pami teu lepat mah hoyong samemeh di subang hoyong tepang
heula jeung baraya US nu aya di Bandung.

 


Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  •  To unsubscribe from this group, send an email to:
      [EMAIL PROTECTED]
     
  •  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.





    • Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




      YAHOO! GROUPS LINKS




      Kirim email ke