Enya mangga Kang Dur. Ngan kuring mah sok sieun "ngajedor" kana
kanyataan yen babi teh (tapi masih ceuk cenah) aya loba kagunaan,
salian ti dagingna. Babi, salah sahiji sato eksperimental salian ti
beurit jeung monyet. Organ Babi, keur aya nu naliti supaya bisa
dicangkokeun ka jelema, sabab cenah aya kasaluyuan jeung organ jelema.

Babi oge "tukang bebersih" anu efisien. Kuring kungsi hirup jeung
urang Dayak nu hirup di imah panggung nu dikolongna dipiara babi.
Sagala kokotor jelema nu dipuragkeun diluhur, disanggap ku babi di
kolong. Sifat Babi anu sagala diteleg ieu, ceuk posting kapungkur ti
Abah Joe nu di New York, dimanfaatkeun keur "mersihkeun" runtah rumah
tangga di New York.

Dulur misanna Bagong, salah sahiji "mata-rantai" lingkungan hirup.
Bagong beak, sato nu ngahakanna oge bakal punah da neangan kahakanan 
ka lembur, terus dibaroro.

Janten, Babi Haram didahar, eta mah pasti, tapi teu kudu dipunahkeun
panginten, da eta makhluk teh pasti aya manfaatna margi sami-sami
ciptaan Alloh Swt oge ...

Baktos,
WALUYA




--- In [email protected], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Satuju.
>
> Tapi, numutkeun sim abdi,  teu nanaon oge mun misalna aya
> ilmuwan-ilmuwan nu ahli dibidangna hoyong nalungtik haramana babi.
> Nya..mun misalna nimu alasan ilmiahna keun wae etamah anggap wae
sebagai
> 'HIKMAH DIHARAMKANNYA BABI'. 
>
> waluya56 wrote:
>
> >Satuju Kang. Ceuk kuring mah, babi diharamkeun, keur nguji urang
nurut
> >henteu kana parentah Anjeunna. Tos we dugi kadinya, teu kedah
> >dipilarian alesan nu lebet akal. Sabab nyaeta nu ngaramkeun babi
teh,
> > 
> >
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke