sok asa "rungseb" ningali judul diluhur...
(Saur saha daging babi diharamkeun....?)
cik ganti atuh..

Apan geus puguh-puguh jelas dina katerangan ge,
Ya ayuhaladzina amanu....yen bagong teh haram didahar...
Nu iman mah moal ngadahar da haram tea, nu teu iman
mangga teh teuing...

Geus loba padungdengan ngeunaan daging bagong,
ceuk Kang Anu kieu, ceuk Teh Anu kieu, ceuk Uwa Anu kieu..
tungtungna mah angger we da haram-haram keneh nya..?

mun misalna tina hasil padungdengan ieu, tuluy
ngahasilkeun samodel "fatwa kusnet" yen bagong teh
kenging didahar, cik...rek rarobah pamadegan yen
bagong teh teu haram ? bade ngadalahar ?
pan moal ...

mun enya misalkeun MUI ge netelakeun, ku sabab
geus nalungtik yen bagong teh bersih, higienis,
teu aya cacing pitaan, trus ngarekomendasikeun
yen bagong teh kenging didahar,
barade ngadalahar daging bagong ?
anu bade, mangga ngaracung...

Tapi, paling henteu na hate urang mah tetep yakin yen
bagong teh haram da tibabaheulana ge puguh geus
diharamkeun.

Lain maksudna maehan kreatifitas mikir, tapi asana
percumah, mubazir pisan madungdengkeun hal anu urang
geus nyaho jawabanana.

Salila aya keneh hayam, domba, sapi,
gurameh, nila, mujaer mah, geus we eta heula dahar...
mun sato diluhur geus teu aya, dahar we dangdaunan,
mun henteu aya, nya wayahna we jeung uyah...
barina oge, dahar mah jeung sangu wungkul da sarua
waregna. Keur mah cnah daging bagong teh leuwih mahal
tibatan daging domba.

Pan anak bagong ge ari leumpang teh tungkul wae..
naha sabab ?
sabab, isineun jadi anakna bagong...
da apaleun bagong teh haram.

Tapi di daerah jawa mah, bagong teh ngaran jelma nya ?
dalah si Cepot ge jadi bagong dina wayang kulit mah....
heu..heu...

geus ah.....

-dul-
tukang teuing

Kanggo Kang Otong :

Pami nuju kalangsu, tuluy aya bagong, pek taros...
"Gong..terang teu, ari warung palih mana ?"
kitu we..

barina oge, maenya di tegal keusik (padang pasir meureun nya)
aya bagong ? paling oge onta...
heu heu..


--- In [email protected], "Sirit Uncuing" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Punteun ah ngiring mairan,
>
> Lamun urang keur dileuweung gundul kalangsu,
> atawa keur ditegal keusik nuju ka sasar, atawa deuina nuju
> ditempat anu euweuh nanaon deui nu bisa di dahar
> keur nyumponan koceakna peujit, pokona mah bingung
> kaliwat saking neangan nu bisa di dahar. keur kitu lar aya
> nu ngaliwat nyaeta Celeng atawa bagong atawa deuina babi
> atawa deuina Pig he he he he







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke