Ieu mah ngan ukur "ngagoongan" wae.

Kamari (25/04) kuring pendak jeung Mang Ayip Rosidi di
KITLV, Jalan Prapanca Raya Jakarta, dina hiji acara
diskusi buku "Ekspresi Lokal Dalam Fenomena Global",
tina disertasina juragan Edwin Jurriens/34th (urang
walanda, anu nalungtik perkara budaya jeung basa Sunda
taun awal reformasi - ke didongengkeun rada panjang).
Waktos kuring naroskeun perkara seni jeung budaya
Sunda dina nyanghareupan globalisasi, mang Ayip jol
nyarios soal Rancage. Ceuk Mang Ayip teh ti jaman Orde
Baru nepi ka Ayeuna, Pamarentahan teu gaduh konsep
politik kabudayaan anu jelas, bisa katingali ti
departemen anu ngalola perkara kabudayaan,
Depdikbud/Depdiknas. Menteri anu boga konsep jelas
perkara kabudayaan jaman Daud Yusuf, tapi nya kitu,
pamingpin anu boga konsep biasana tara lila
jumenengna. Jaman Menteri mashuri aya panghargaan keur
para seniman/budayawan. Tapi teu mayeng ngan semet 4
taun. Ti harita, pamarentahan teu aya perhatian dina
soal kabudayaan.

Ti awit taun 80 an, Mang Ayip nyebarkeun ide,
pentingna pamarentah "melindungi" kabudayaan daerah.
Sabab ieu teh salah sahiji amanat UUD 1945. Tapi ide
eta teh lir ibarat "anjing menggonggong kafilah tetap
berlalu". Ti harita aya tekad pikeun ngayakeun hadiah
Sastra Rancage. Nepika ayeuna tos 18 kali hadiah
sastra rancage diayakeun, kalayan teu aya kendatna
(terus menerus). Di Indonesia mah can aya hiji lembaga
swasta atawa pamarentah anu  sacara terus menerus mere
panghargaan nepi ka 18 kali.
Sumanget "pemberontakan" Mang Ayip Rosidi siga kieu,
teu aya bandinganana, anu kedah jadi conto.

baktos,

mrachmatrawyani

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>
> ieu mah soal hadiah sastra Rancagena sorangan.
>
>
> ti awal diayakeun ieu hadiah, tujuanana pastina
> pikeun ngahirupkeun atawa
> ngajurung hirup kumbuhna sastra sunda (beh dieu
> ngalegaan, sastra daerah,
> da mere oge hadiah pikeun sastra jawa jeung bali,
> lain basa daerah teu
> dibere, tapi basa daerah sejena mah euweuh nu hirup
> dina media citak),
> bukti nyata sukses persatean nasional.
>
> timana cenah waragadna?
>
> meunang nyangcetkeun ti gajih gawe kang Ajip Rosidi
> salaku dosen bahasa
> Indonesia di Jepang. ieu kungsi ditepikeun ku kang
> Ajip dina acara kawin
> emas (50 tahun Ajip-Empat). AR harita nganuhunkeun
> ka ceu Empat nu rido
> cenah hakna dipake pikeun mere hadiah sastra
> Rancage.
>
> beh dieu, sanggeus jalan sababaraha taun, karek AR
> nyieun Yayasan
> Kabudayaan Rancage. diformalkeun wadahna. bari oge
> nampi bantuan ti nu
> sanes.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke