ditempat nu salah. Sanajan dulur atawa kolot/anak
sorangan lamun salah wajib tanggung jawab ka sadaya
anu tos dilakukeunnana. Urang meunang melaan, tapi
saukur pikeun ngahampangkeun hukumannana, lain neangan
bebener sorangan supaya manehna bebas.
Tapi sabalik balarea ulah sok nyakompetdaunkeun,
lantaran si Pulan salah (misalna korupsi) terus
nyaruakeun ka sakabeh kolot jeung dudulurannana
karorupsi. Hal ieu oge teu bener, margi soal kalakuan
mah sewang-sewangan.
Baktos
Jaka
--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ih, mani hese nya geuning hayang nulis sacara
> sistimatis teh!!!
> Bulak-balik........... pabaliut!!!!!!!!!!!
>
> ---------- Forwarded message ----------
>
> "Buruk-buruk papan jati" téh paribasa, anu kurang
> leuwihna mah hartina téh
> "sagoréng-goréngna ogé, dulur sorangan kénéh, kudu
> ditulungan". Ceuk cenah,
> ceuk béja nu kungsi kadéngé/kabaca tina kalawarta
> atawa obrolan, paribasa
> ieu sok dipaké ku inohong nu kajiret ku kasus
> korupsi jeung sabangsana
> (mangga cobi susud dina Google maké konci 'buruk
> papan jati') . "Buruk-buruk
> papan jati, cik atuh dulur sorangan mah ulah dibawa
> unggah balé watangan,"
> kitu meureun pokpokanana téh. Duh, bet kawas nu
> bener. Gara-gara paribasa,
> geus baé lah, ulah digugat-gugat sagala. Mun keukeuh
> digugat nepi ka
> buktina, beu... lian ti dulur sorangan nu keuna ku
> hukuman, urang sorangan
> gé meureun kabawa wirang...
>
> Kahirupan urang, umumna di Indonésia, geus kajiret
> ku nu ngaranna korupsi
> jeung kolusi (KK). Nyogok pikeun meunangkeun proyék,
> nyogok sangkan teu
> ditilang, nyogok sangkan urusan gancang bérés,
> nyogok sangkan sakola nu geus
> rajét bisa diropéa, aduh... Atuh anu boga
> kalungguhan, mani
> mangpang-meungpeung, sagala dikerid sagala dikeduk.
> Nepi ka kieuna nya,
> bangsa urang?!!
>
> Dina tarékah ngabongkar/ngabasmi KK anu geus
> ngajiret ampir sakabéh lapisan
> urusan kanagaraan/pamaréntahan di urang, tangtuna
> anu jadi korban téh lain
> saha lain saha. Lamun hukum geus bener-bener
> ditanjeurkeun, boa-boa dulur
> urang anu keuna téh... Palias! Tapi, da geuning
> kanyataanana kitu. Da nu
> disebut korupsi téh lain ukur nu itunganana miliaran
> atawa triliunan, dalah
> nu ukur itungan ratusan pérak atawa rébuan gé, ari
> korupsi mah korupsi baé,
> teu ngabédakeun gedé/leutikna. Matak teu anéh, mun
> nu kajiret ku hukuman
> alatan lampah KK téh bisa jadi deukeut pisan
> pancakakina ka urang sorangan,
> padahal mah urang téh sakitu cuana ka nu disebut KK
> téh. Ceuk kasarna mah,
> ni hayang nyiduhan ka nu boga lampah kitu téh...
>
> Dina prungna, alatan nu keuna ku hukuman téh lain
> saha lain saha, der téh
> urang jadi sabil. Saha jalmana anu senang nempo
> dulur sorangan cilaka?
> Malah, pan urangna ogé kabawa wirang. "Buruk-buruk
> papan jati, cik atuh,
> tulungan ieu dulur..." Tapi, naha enya nu kitu téh
> keuna ku cilaka? Enya
> meureun, saréatna mah. Tapi, nyiar rijki tina jalan
> anu teu halal teh pan
> dipahing pisan ku agama. Duit haram mah ukur jadi
> suluh naraka! Naha téga,
> nempo dulur sorangan beurat beunghar tina ladang teu
> halal?
>
> Sakumaha anu diajarkeun di sakola jaman baheula,
> urang téh kudu silih
> tulungan. Tapi, ulah silih tulungan dina jalan anu
> goréng. Rasa béla jeung
> nyaah urang ka dulur, teu bisa dijadikeun alesan
> pikeun nyumputkeun
> kajahatan. Niat urang pikeun nulungan dulur anu geus
> milampah salah, ulah
> nepi ka ngorbankeun rahayat lian.
>
> Satemenna, paribasa buruk-buruk papan jati téh
> ngandung ajén anu mulya.
> Tapi, sigana ajén anu mulya téh bisa jadi ancur
> alatan dilarapkeun sacara
> salah. Parahna deui, ku sabab paribasa ieu sok
> dijadikeun taméng kagoréngan,
> antukna urang Sunda kabawa goréng. Pajarkeun téh,
> "Tuh, urang Sunda mah da
> geus aya ti dituna nyumputkeun tukang korupsi téh!"
>
> --
> Posted by kumincir to Ladang
>
ngahuleng<http://kumincir.blogspot.com/2006/04/buruk-buruk-papan-jati.html>at
> 4/24/2006 11:13:00 PM
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

