Nambihan penjelasan ti kang Ahmad Gunawan kanggo
kanggo kang Siri Uncuing :
Perkara haram/halalna babi, ceuk sim kuring mah
sanajan teu aya kadaharan, hukumna tetep haram
ngadahar daging babi (rek jenis babi naon wae, babi
leuweung alias bagong, babi kota, tetep haram). Tapi
kumargi gusti Alloh mah maha "pangampura", nya dosa
ngadahar daging babi nu saukur pikeun ngaganjel
beuteung waktu teu aya pisan kadahan, insya Alloh
dihampura. Jadi lain hukumna anu robah jadi halal,
tapi dosana anu dihampura.
Pami dianalogkeun ka kahirupan sanesna panginten
contona kieu : Si Pulan teu boga kadaharan pisan tug
tepi ka kalaparan, keur kitu aya hayam batur ngaliwat
ka hareupeunnana, terus ditewak, dipeuncit terus
didahar. Kabeneran waktu si Pulan newak eta hayam
katingalieun ku si Unyil, terus si Unyil ngalaporkeun
ka nu boga hayam + nu "berwajib" tug tepikeun ka si
Pulan digiring jeung diasupkeun ka sel. Kabeneran nu
boga hayamna ahirna ngahampura, atuh si Pulan teu
terus diselna, tapi dikaluarkeun.
Jadi nu arana maling nya tetep maling jeung salah
sarta sakuduna dihukum. Tapi kulantaran dihampura nya
hukumanna dibebaskeun. Sedengkeun catetan
dosa/malingna mah tetep masih aya dina catetan henteu
dihapus/dipupus.
Kitu manawi kang.

Baktos
Jaka

--- Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Upami shalat mah sanes di qada namung di jama nyaeta
> digabung tea dhuhur sareng ashar, magrib sareng isya
> janten shalat mah teu aya qada. Tah upami saum tiasa
> di qada digentosan saumna dina dinten anu sanes.
>   
>   WAG
>
> Sirit Uncuing <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>     Punteun ah ngiring mairan,
>     Lamun urang keur dileuweung gundul kalangsu,
> atawa keur ditegal keusik nuju ka sasar, atawa
> deuina nuju
> ditempat anu euweuh nanaon deui nu bisa di dahar
> keur nyumponan koceakna peujit, pokona mah bingung
> kaliwat saking neangan nu bisa di dahar. keur kitu
> lar aya
> nu ngaliwat nyaeta Celeng atawa bagong atawa deuina
> babi
> atawa deuina Pig he he he he
> Ieu mah punten bilih salah pang menerkeun nya,
> eta sato teh janteun halal hukumna lamun di tuang ku
> urang
> ngan ulah loba loba teuiiiiing atuuuuh.
> Punten punten manawi kirang meurnah punten pang
> meurnahkeun..
>   fleksibel leuh pokona mah islam teh, sholat oge
> ari nuju aya
>   kareupeut mah tiasa di qada apanan atuh
>   Baktos
>   Os
>
>   
>  
>

>   On 4/27/06, durahman <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:   Satuju.
>
> Tapi, numutkeun sim abdi,  teu nanaon oge mun
> misalna aya
> ilmuwan-ilmuwan nu ahli dibidangna hoyong nalungtik
> haramana babi.
> Nya..mun misalna nimu alasan ilmiahna keun wae
> etamah anggap wae sebagai
> 'HIKMAH DIHARAMKANNYA BABI'.
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>    
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS
>
>    
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>    
>     To unsubscribe from this group, send an email
> to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>    
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service.
>
>    
> ---------------------------------
>  
>
>
>
> Send instant messages to your online friends
> http://uk.messenger.yahoo.com


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke