--- In [email protected], joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Jadi nu arana maling nya tetep maling jeung salah
> sarta sakuduna dihukum. Tapi kulantaran dihampura nya
> hukumanna dibebaskeun. Sedengkeun catetan
> dosa/malingna mah tetep masih aya dina catetan henteu
> dihapus/dipupus.

Punten Bah Jaka, upami teu lepat mah maling teh sanes delik pidana
aduan. Maling sanajan dihampura kunu kapalingan, tetep kedah lebet
pangadilan/diproses sacara hukum. Ieu benten lamun delik aduan,
contona soal utang-piutang atanapi soal "penghinaan nama baik".
Pulisi/kajaksaan nembe tiasa mroses kasus utang-piutang/"pencermaran
nama baik", lamun jalmi nu ngarasa dirugikeun ngadu ka pulisi.
Perkara utang piutang/ "penghinaan nama baik" tiasa dieureunkeun
ditengah jalan, upami jalmi nu ngadu, nyabut perkara ieu. Tapi
maling, ngaruksak/ngarampas barang batur, nyiksa jelema, rajapati,
korupsi jrrd lebet kana kajahatan ngalawan nagara, proses hukum kedah
diteraskeun. Nu tiasa "ngahampura" kriminalitas model kieu ngan
nagara, nu dina hal ieu Presiden (salah sahijina grasi).

Baktos,
WALUYA








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke