|
Pami di lembur abdi mah di Wado sanes Pacilingan
tapi Paciringan.
Leres saur teh Maria, nembe abdi noong na kamus
: kakus/tempat hajat di sungai atanapi di solokan.
Di lembur abdi mah seuseurna di balong (empang),
rupina aya nu siga tajug alit, aya nu pasagi atanapi buleued, didamel tinu awi
nu dianyam (dindingna), biasana sok
disebat "helikopter".... cemplung!...euh, meuni parebut eta lauk
paheula-heula...heheh...jadi jorang kieu...punten ah.
Tapi Pami bade dibedahkeun sareng dituang
laukna, teu kenging dianggo "kabeuratan" heula kedah dicicingkeun sababaraha
dinten, dipasihan pelet/pakan lauk ...saurnamah haram pami langsung diemam.
Punten aya artikelna tapi teu acan mendak ti kamari, kaleresan aya
patula-patalina sareng pertarosan Kang Emod. InsyaAlloh pami salse kuabdi
dipilarian.
cr.
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/27/06 07:41AM
>>>
Dina KUBS mah hartosna : kakus, tempat
kalahajat
Baktos,
Maria
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Ngeunaan Kecap 'Pacilingan' Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] Ngeunaan Kecap 'Pacilingan' Emod Morales
- Re: [Urang Sunda] Ngeunaan Kecap 'Pacilingan' S4D3W4 NAKULA
- Re: [Urang Sunda] Ngeunaan Kecap 'Pacilingan' Emod Morales
- Re: [Urang Sunda] Ngeunaan Kecap 'Pacilingan' Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] Ngeunaan Kecap 'Pacilingan' Emod Morales

