mani asa kabita kanu tos ngiringan KOPDAR ari hoyongmah
hoyong, tapi kaleresan waktosna bentrok sareng acara IBO
Mancing (ngusep) , padahal tempatnamah kamari oge
sami-sami di Subang mung sim kuringmah mancingna di Daerah
Cisalak, Pasantren Pagelaran. Manawi kapayun mah Insya
Allah bade ngiringan, kinten-kinten iraha sareng dimananya
tempatna baraya ??
 

On Mon, 1 May 2006 13:07:06 +0700
  [EMAIL PROTECTED] wrote:
> Punten ah bade narosan sakedik....
> Dupi 'sunda pituin' teh Akang atanapi Teteh nyaa...??!!
> Di antawis nu dongkap kamari, Abdi nu kalebet kategori
>'wajah baru' tea
> panginten. Mung hanjakal teu sempet wawanohan sareng
>sunda pituin, margi
> Abdi oge sami isinan, kudu we ditaros tipayun. Pami tos
>loma mah moal,
> suwerrr....
>
>
> Baktos,
> OTA
> *** Nu kamari nganggo kameja beureum kotak-kotak,
>nganggo kacapanon,
> rambut dibeulah tengah tea heuheuheu....
> *** Lembur teh meuni jempling kieu nya, pada ngiring
>daremo kitu ka
> HI...??!!
>
>
>
>
> "sunda pituin" <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent by: [email protected]
> 05/01/2006 11:54 AM
> Please respond to
> [email protected]
>
>
> To
> [email protected]
> cc
>
> Subject
> [Urang Sunda] Kopdar Subang Resep Pisan :)
>
>
>
>
>
>
> Wilujeng siang,
>
> -----------------------------------------------------------------------------------------------------
> -----------------------------------------------------------------------------------------------------
> -----------------------------------------------------------------------------------------------------
>
> Sim kuring sok janten 'pemalu' ari di nu seueur jalmi
>teh :-p, barieukeun,
> janten ngantosan nu ngajak ngobrol tipayun. Kaleresan
>aya Teh Puji (ti
> Ujung Berung, Bandung), janten ngobrol we ngaler ngidul.
>Teu lami, aya
> Mang Jamal, ngobrol beki uplek, dugi ka ngabahas
>novel-novelna. Asik eung,
> kuring hoyong pisan meser Fetussaga, novel katiluna MJ,
>mung teu kaleresan
> bae. Eh, ari kamari MJ nyandak sababaraha hiji novelna.
>Atuh 2 kauntungan
> sakaligus, kahiji harga novelna 'disubsidi', kaduana
>kenging tandatangan
> langsung ti penulisna. Siiippp :)
>
> Beki siang, nu sumping beki nyeueuran, nu rata-rata
>wajah baru pikeun
> kuring mah. Aya saurang nu janten selebritis kamari,
>muhun teu lepat deui,
> nya eta sahebul bait, Teh Netty...Horeee, ahirna kuring
>terang tur tepang
> sareng anjeunna :). Funky dech (naon nya pami Sunda na?
>:D).
>
> Tabuh 12 an, acara puncak (makan-makan)...Hmmm
>yummiii...aya beuleum lauk
> nu di pecak, sate, lalap sambel mah wajib, teras jengki,
>waduuuhhh
> pokonamah lah!!! Baruk nu masakna Teh Netty? tiasaan ih,
>bumbu rujak
> (lotek) oge saurna. Kamarimah patuangan pinuh we lah,
>komo anak kos siga
> sim kuring mah perbaikan gizi, hehehe. Teu kitu kumaha,
>sagala rupi
> katuangan aya, ti ngawitan opak, papais, dugi ka
>colenak, ti es doger dugi
> ka cendol, kantun milih! (pasti hanjakal nu teu ngiring
>kopdar kamari :-p)
>
> Emmm aya deui! Door prize!!! Waahhh!!! aya nu kenging
>jam tangan, parfum,
> gantungan kunci mah harianeun, permen (sanes sapermen2x
>na, da ieu mah
> permen Texas :D). Di penghujung acara (bagean
>panganggeusan), Teh Netty
> ngaluarkeun deui oleh-oleh kanggo para Kartini Sunda,
>jreng-jreng!!! lipen
> setip. Iraha deui kenging lipen setip impor? :)
>
> Pami diserat sadayanamah pegel, da aya wae
>picarioseunana, nu macana oge
> cape. Janten sakitu heula bae baraya...Kamari teh, tos
>wareg ngopi,
> ngobrol sareng poto-poto mah (acara wajib!) atuh bubar
>nungtutan, marulih
> ka pasarakan na sewang-sewangan. Aya nu ka Batawi,
>Bandung, Garut,
> Sumedang, jsb.
>
> Hatur nuhun ka Teh Netty, katampi pisan, oge ka Kang
>Ndoell, Kang Ikmal,
> Teh Ani sareng rerengrengan panitia sanesna.
>
>
> Baktos,
> -eeya-
> http://tawadhu.blogspot.com
> ym id : l_indry99

Kalepatan mung Abdi nyalira, Bebeneran jeung kahadean mung
kagungan ALLOH.


Uteuk Tongo Walangtaga
===========================================================
Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan
hadiah menarik setiap bulannya
dan hadiah total senilai 60 juta rupiah hanya di http://www.plasa.com
(Khusus Jawa Timur)
===========================================================





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke