|
Halow mj, bah willy, kang oman ............
daramang??
Mairan ah....
Enya buruh teh basa RIT na mah karyawan,
numatak diluar nagreg mah cenah Golkar teh dikenal salaku Partai Buruh.
Ari ningal sejarahna mah Poe Buruh
Sadunya alias Hari Buruh Sedunia alias May Day teh teu aya
hubungana sareng komunisme tapi hubungana sareng sosialisme,
lantaran anu netepkeun 1Mei jadi Hari Buruh sedunia teh Kongres Sosialis
Dunia bulan Juli 1889 di Paris. Nu jadi cukang lantaranana tanggal 1 Mei
1886 aya demonstrasi 400.000an buruh di Amerika nu utamana
nungtut ngurangan jam kerja jadi 24 jam sapoe, tanggal 4 Mei 1886 pawai
buruh teh ditungtungan ku ditembakana ratusan buruh ku pamarentah Amerika,
terus para pamingpina dihukum mati. Hasil perjoangan para buruh AS teh geuning
karasa oge ku buruh/pns/bumn di Indonesia nyaeta gawe 8 jam sapoe. Mun teu
lepat peringatan hari buruh di urang tos diayakeun ti taun 1920an, tapi
dieureunkeun ku pamarentahan orde baru lantaran dikonotasikeun/diidentikeun
jeung kagiatan komunisme. Sabab kaum buruh alias pagawe di nagara urang nu
jumlahna jutaan harita sok dipake keur kapentingan gerakan
politik PKI (nepi ka taun 1965an), sainget kuring organisai buruh di Indonesia
teh aya SBKA, SOBSI, SB-PTT, SARBUMUSI jsb. Salian ti SARBUMUSI
(organisasi buruh muslim), organisasi nu sejen loba nu anggotana atawa pimpinana
teh anggota PKI, sigana ku pamarentahan orde baru mah komunisme jeung
sosialisme disakompetdaunkeun... hehe..
Cag ah...
AS
----- Original Message -----
Sent: Friday, April 28, 2006 3:32
PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Komunis jeung
1 Mei (Poe Buruh)
nyaeta kitu Bah di urang teh.
pangaweruh atawa kanyaho teh sok kagok. mun sok maca koran bari jembar
pikiran mah meureun, apal, yen PM Inggris mang Tony Blair teh ketua Partai
Buruh Inggris. sanes komunis. paling oge sosialis. sosialis beda jeung
komunis.
jeung nyaeta kitu, poekeun, gedah ageung ngamaklum. kabeh nagara bangsa
oge diwangun ku buruh. buruh teh basa Indonesiana mah karyawan.
hehe.
On 4/28/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Tadi
basa jumaahan nu khotbah teh ustadz senior, tapi moal disebat namina mah,
ngan kaasup ustadz beken di Bandung mah, anjeunna ngangken kantos jadi
pembina tahanan PKI di Pulo Buru, jeung oge urut anggota parlemen (DPR).
Aya hiji hal nu kuring rada "kerung" nengetan eusi khotbah anjeunna teh.
Salah sahijina kulantaran anjeunna wanti- wanti kudu ati-ati sabab 1
(hiji) Mei (poe buruh) teh aya hubunganana jeung Komunis (PKI). Kerung,
da sakanyaho kuring mah POe Buruh mah, sok diinget-inget, lain wae ku
komunis, tapi ku para pagawe sadunya. Aya kitu hubunganana antara "Poe
Buruh" jeung komunis? ....cikan aya baraya anu terang?
Kerung oge
waktu Pa Ustadz nyebut tanggal 2 Mei, kalahiran Budi Utomo, disebut Poe
Pendidikan Nasional. Sakanyaho kuring kalahiran Budi Utomo mah sok
disebut "Hari Kebangkitan Nasional" (leupas tina satuju atawa henteu).
Sabenerna hayang ngacung, hayang nyarita: "Punten Pa Ustadz eta lepat,
sanes Poe Pendidikan Nasional, tapi poe Kebangkitan Nasional". Ngan
meureun teu meunang nya motong nu keur khotbah.
Punten ah sanes
naon-naon, ieu mah "oleh-oleh" waktu tadi Jumaahan, jeung .....tamba sepi
teuing.
Baktos, WALUYA
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo!
Groups Links
<*> To visit your group on the web, go
to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*>
To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED]
<*>
Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
-- geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|