Nambihan sakedik...
ironisna Poe Buruh Sadunya ping 1 May anu ditetepkeun pikeun ngahargaan martir buruh Amerika anu maot dina peristiwa Heymarket eta, ku pamarentah + organisasi buruh Amerika henteu dianggep sabage poe buruh di nagarana sorangan.
Di Amerika, poe buruhna nincak dina poe senen ka hiji sasih september.
Har, naha atuh jadi urang anu kalahka ngemutan perjuangan buruh Amerika, ari Amerika-na sorangan henteu... Aneh nya.. he he he
 
baktosna Akos


 
On 5/2/06, Asep Salmon <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Halow mj, bah willy, kang oman ............ daramang??
Mairan ah....
 
Enya buruh teh basa RIT na mah karyawan, numatak diluar nagreg mah cenah Golkar teh dikenal salaku Partai Buruh.
Ari ningal sejarahna mah Poe Buruh Sadunya alias Hari Buruh Sedunia alias May Day teh teu aya hubungana sareng komunisme tapi hubungana sareng sosialisme, lantaran anu netepkeun 1Mei jadi Hari Buruh sedunia teh Kongres Sosialis Dunia bulan Juli 1889 di Paris. Nu jadi cukang lantaranana tanggal 1 Mei 1886 aya demonstrasi 400.000an buruh di Amerika nu utamana nungtut ngurangan jam kerja jadi 24 jam sapoe, tanggal 4 Mei 1886 pawai buruh teh ditungtungan ku ditembakana ratusan buruh ku pamarentah Amerika, terus para pamingpina dihukum mati. Hasil perjoangan para buruh AS teh geuning karasa oge ku buruh/pns/bumn di Indonesia nyaeta gawe 8 jam sapoe. Mun teu lepat peringatan hari buruh di urang tos diayakeun ti taun 1920an, tapi dieureunkeun ku pamarentahan orde baru lantaran dikonotasikeun/diidentikeun jeung kagiatan komunisme. Sabab kaum buruh alias pagawe di nagara urang nu jumlahna jutaan harita  sok dipake keur kapentingan gerakan politik PKI (nepi ka taun 1965an), sainget kuring organisai buruh di Indonesia teh aya SBKA, SOBSI, SB-PTT, SARBUMUSI jsb. Salian ti SARBUMUSI (organisasi buruh muslim), organisasi nu sejen loba nu anggotana atawa pimpinana teh anggota PKI, sigana ku pamarentahan orde baru mah komunisme jeung sosialisme disakompetdaunkeun... hehe..
 
Cag ah...
AS
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke