|
Ngiring waas Emut basa nuju di Wado taun 85an, nuju teu acan aya listrik, hiburan teh teu aya deui iwal ti radio. Kagungan radio jaman baheula kaluaran taun 65an oleh-oleh pun Bapa (Alm) ti Rusia (punten sanes agul ku payung butut) nu abbootttt kacidaaaa aya kana 5 kg-an mah, gelombangna AM wungkul, baterena ge genep! Unggal dinten tabuh 3 sonten, angin ngahiliwir, dangdaunan pating keresek, hawar2 sora domba tikajauhan .mbeeeee waktosna ngadangukeun dongeng Mang Jaya di Radio Angkasa Kadipaten (sanes Kuningan). Abdi mah resep pisan ngadangu soantenna nu halimpu, raoseun kana cepilna. Pami dibandingkeun sareng radio Yusan nu di Cimalaka Sumedang soantenna ngeresek, duka pedah Kadipaten mah langkung caket ka Wado. Sanaos teu acan kantos tepang sareng Mang Jaya, tapi ku abadimah tos dianggap Guru Basa Sunda maklum harita nembe ngalih ti Jakarta ka Wado. Di lebet dongeng2na seueur pisan ngalalakonkeun perjoangan saur Kang Ono tea mah matak reumbay cisoca...hihih. Sajabi ti eta seueur kecap & paripos nu teu mendak boh ti sakola, ti pun bapa, pun biang, nini katut aki. Anjeuna janten sumber inspirasi dina karangan abdi .cik geura titenan karangan abdi, siga na dongeng radio heheh. Bakating kuresep ngadangukeun dongeng Mang Jaya, pun biang mah sok ngagembreng we,Ih, meuni rarisi, unggal poe ngan ngagugulung wae dongeng! Geura lumaku kaituh!! Daripada diseuseulan, eta radio sok dicacandak tour of duty (punten nyandak istilah para pejabat di koran heheh...) ka dapur bari mirun seueu & ngawasuh piring. Ka kapayun bari sasapu & ngepel Meh, teu digembreng deui langsung ibak, si radio disimpen di jajalaneun ka jamban nu aya pancuran luhureun balong, caina ti sawah tonggoh . Beres ibak, jero hate,Tah, tenang ayeunamah geus sagala beres, sugan we si Mamah teu ngagembreng teuing, jadi teu konsen euy! .tapi saur Mang Jaya,Eeeeuuuhhhh .pamiarsa waktosna seeeeeep ke disambung deui dinten enjing dina jam anu sami hatur nuhun. cr Tue May 2, 2006 1:00 pm <[EMAIL PROTECTED]>
Mang
Jamal...
Atos tacan ngarang hiji novel (atanapi roman panginten) nu nyarioskeun ngeunaan 'perjuangan' lalakon hirup hiji jalmi ti alit nepika dewasa, ti mimiti ti handap nepika sukses janten 'jalmi'....??!!Hiji novel nu ngaguar ngeunaan kumaha peurih-peuheurna naratas jalan kahirupan heuheuheu nu asalna ti kulawargi teu mampu dugi ka janten kulawargi 'terpandang'....Pami pernah mah, cingan pasihan terang judulna naon....??!!Jigana matak dareuda tah... Eta we Abdi mah sok ras emut ka dongengna Mang Jaya di Radio Linggarjati Kuningan, kapungkur waktos Abdi masih sakola SD sareng SMP, aya dongeng nu nyarioskeun 'luka-liku' na 'perjuangan hidup' hiji jalmi....nepika mewek Abdi mah euy.... Novel-novel Mang Jamal teh biasana diical dimana nyaaa....??!!Di Gramedia Bandung aya kitu Mang....??!! Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] lalakon hidup...urut kopdar Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] lalakon hidup...urut kopdar aldo desatura

