Dear.
 
hihihihi meuni sarua pisan sim kuring ge di sumedang teh aya ka 4 tahun mereun unggal isuk subuh2 si Alm. Abah (pun aki) ngadangukeun radio Yusan ti cimalaka dipangnyiunkeun ci enteh manis ku si nini.. alah meuni eweuh lampu2 pisan make lampu cempor keneh mun siang sok ngadangukeun wa kepok, salah sahijina nu masih keneh abdi inget teh "serial Si Rawing Pilih Tanding".....mun wengi make petromak ge ngan ukur nepi ka tabu 8 ... sugema pisan desa citimun dusun sarmaja, cimalaka haritateh... mun sonten tongeret geus nyaranyi... alah mereun moal kaulang deui nukituteh ka hareup mah.. mun geus rek maghrib si aki teh ngaos salawat di masjid masih keneh ka ngiang diceuli "allahumasolli ala muhammad, ya robbisoli alaihi wallim..."
 
 
Wassalam
 

HrD PT Rals. Tbk.
 

                                          " Jagalah lidahmu, daripadanya segala malapetaka tercipta "
 
 
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, May 03, 2006 1:42 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] lalakon hidup...urut kopdar

Ngiring waas…

Emut basa nuju di Wado taun 85an, nuju teu acan aya listrik, hiburan teh teu aya deui iwal ti radio. Kagungan radio jaman baheula kaluaran taun 65an oleh-oleh pun Bapa (Alm) ti Rusia (punten sanes agul ku payung butut) nu abbootttt kacidaaaa… aya kana 5 kg-an mah, gelombangna AM wungkul, baterena ge genep!

 

Unggal dinten tabuh 3 sonten, angin ngahiliwir, dangdaunan pating keresek, hawar2 sora domba tikajauhan….mbeeeee’… waktosna ngadangukeun dongeng Mang Jaya di Radio Angkasa Kadipaten (sanes Kuningan). Abdi mah resep pisan ngadangu soantenna nu halimpu, raoseun kana cepilna. Pami dibandingkeun sareng radio Yusan nu di Cimalaka Sumedang soantenna ngeresek, duka pedah Kadipaten mah langkung caket ka Wado.

 

Sanaos teu acan kantos tepang sareng Mang Jaya, tapi ku abadimah tos dianggap “Guru Basa Sunda” maklum harita nembe ngalih ti Jakarta ka Wado. Di lebet dongeng2na  seueur pisan ngalalakonkeun “perjoangan” saur Kang Ono tea mah matak reumbay cisoca...hihih. Sajabi ti eta seueur kecap & paripos nu teu mendak boh ti sakola, ti pun bapa, pun biang, nini katut aki. Anjeuna janten “sumber inspirasi” dina karangan abdi….cik geura titenan karangan abdi, siga na dongeng radio heheh.

 

Bakating kuresep ngadangukeun dongeng Mang Jaya, pun biang mah sok ngagembreng we,”Ih, meuni rarisi, unggal poe ngan ngagugulung wae dongeng! Geura lumaku kaituh!!”

Daripada diseuseulan, eta radio sok dicacandak “tour of duty” (punten nyandak istilah para pejabat di koran heheh...) ka dapur bari mirun seueu & ngawasuh piring. Ka kapayun bari sasapu & ngepel… Meh, teu digembreng deui langsung ibak,  si radio disimpen di jajalaneun ka jamban nu aya pancuran luhureun balong, caina ti sawah tonggoh….

 

Beres ibak, jero hate,”Tah, tenang ayeunamah geus sagala beres, sugan we si Mamah teu ngagembreng teuing, jadi teu konsen euy!”….tapi saur Mang Jaya,”Eeeeuuuhhhh….pamiarsa waktosna seeeeeep…ke disambung deui dinten enjing dina jam anu sami…hatur nuhun”.

 

cr

 
 
 
Tue May 2, 2006  1:00 pm <[EMAIL PROTECTED]>

Mang Jamal...

Atos tacan ngarang hiji novel (atanapi roman panginten) nu nyarioskeun ngeunaan 'perjuangan' lalakon hirup hiji jalmi ti alit nepika dewasa, ti mimiti ti handap nepika sukses janten 'jalmi'....??!!Hiji novel nu ngaguar ngeunaan kumaha peurih-peuheurna naratas jalan kahirupan heuheuheu nu asalna ti kulawargi teu mampu dugi ka janten kulawargi 'terpandang'....Pami pernah mah, cingan pasihan terang judulna naon....??!!Jigana matak dareuda tah...
Eta we Abdi mah sok ras emut ka dongengna Mang Jaya di Radio Linggarjati Kuningan, kapungkur waktos Abdi masih sakola SD sareng SMP, aya dongeng nu nyarioskeun 'luka-liku' na 'perjuangan hidup' hiji jalmi....nepika mewek Abdi mah euy....

Novel-novel Mang Jamal teh biasana diical dimana nyaaa....??!!Di Gramedia Bandung aya kitu Mang....??!!




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke