Ah Ceu Roro mah ngawawaas wae ...

Jadi weh sim kuring hoyong ka lembur ...

 

Sumuhun sim kuring oge tukang ngadangukeun Mang Jaya,

Resep, radio hiji diriung ku sapuluhan

 

Miryawan –

Urang Wado Oge (eh Cipeundeuy ketang abdi mah he..he..he..)

 

=========================================================================

Date: Wed, 03 May 2006 13:42:55 +0700

From: "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]>

Subject: Re: lalakon hidup...urut kopdar

 

Ngiring waas*

Emut basa nuju di Wado taun 85an, nuju teu acan aya listrik, hiburan teh teu aya deui iwal ti radio. Kagungan radio jaman baheula kaluaran taun 65an oleh-oleh pun Bapa (Alm) ti Rusia (punten sanes agul ku payung butut) nu abbootttt kacidaaaa* aya kana 5 kg-an mah, gelombangna AM wungkul, baterena ge genep!

 

Unggal dinten tabuh 3 sonten, angin ngahiliwir, dangdaunan pating keresek, hawar2 sora domba tikajauhan*.mbeeeee'* waktosna ngadangukeun dongeng Mang Jaya di Radio Angkasa Kadipaten (sanes Kuningan). Abdi mah resep pisan ngadangu soantenna nu halimpu, raoseun kana cepilna. Pami dibandingkeun sareng radio Yusan nu di Cimalaka Sumedang soantenna ngeresek, duka pedah Kadipaten mah langkung caket ka Wado.

 

Sanaos teu acan kantos tepang sareng Mang Jaya, tapi ku abadimah tos dianggap "Guru Basa Sunda" maklum harita nembe ngalih ti Jakarta ka Wado. Di lebet dongeng2na  seueur pisan ngalalakonkeun "perjoangan" saur Kang Ono tea mah matak reumbay cisoca...hihih. Sajabi ti eta seueur kecap & paripos nu teu mendak boh ti sakola, ti pun bapa, pun biang, nini katut aki. Anjeuna janten "sumber inspirasi" dina karangan abdi*.cik geura titenan karangan abdi, siga na dongeng radio heheh.

 

Bakating kuresep ngadangukeun dongeng Mang Jaya, pun biang mah sok ngagembreng we,"Ih, meuni rarisi, unggal poe ngan ngagugulung wae dongeng! Geura lumaku kaituh!!"

Daripada diseuseulan, eta radio sok dicacandak "tour of duty" (punten nyandak istilah para pejabat di koran heheh...) ka dapur bari mirun seueu & ngawasuh piring. Ka kapayun bari sasapu & ngepel* Meh, teu digembreng deui langsung ibak,  si radio disimpen di jajalaneun ka jamban nu aya pancuran luhureun balong, caina ti sawah tonggoh*.

 

Beres ibak, jero hate,"Tah, tenang ayeunamah geus sagala beres, sugan we si Mamah teu ngagembreng teuing, jadi teu konsen euy!"*.tapi saur Mang Jaya,"Eeeeuuuhhhh*.pamiarsa waktosna seeeeeep*ke disambung deui dinten enjing dina jam anu sami*hatur nuhun".

 

cr

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke