Heuheuheu...Kang AJ Abdi mah teu nyebatkeun nikah syiri dosa atanapi henteu yeuh....
Abdi mah mung nyebatkeun yén nikah syiri tina syarat rukun nikah na mah tos kacumponan.
Pami Abdi nyebatkeun dosa atanapi henteu, ah bilih nyanyahoannan....bilih aya nu néké...
Duméh éta wé kantos ngeunaan nikah syiri ieu di padungdengkeun di babakan, aya nu pro ogé aya nu kontra. Wajar pro-kontra éta mah kétang.
Pami teu lepat mah kungsi aya nu nyerat, rupina ti pihak nu kontra, yén nikah syiri mirip sareng kumpul kebo.

Aaaah sakali deui Abdi mah no komén....moal nyanyahoannan. Kamari ngirim imél sotéh pédah wé nyobian ngawaler imél Kang Héri nu naroskeun ngeunaan nikah misyar téa.


Baktos,
OTA



"Aj Kusnet" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

05/03/2006 08:23 PM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
Subject
Re: [Urang Sunda] terang misyar?





Har... Ari Kang Ono... Dosa ti mana? Kapan sah numutkeun agama... Upami teu ya nu nyatet mah, nya catet bae dina tembok, jeblagkeun... He he... Kapan anu penting mah "kasaksi ku para wargi, jatukrami dalam suci", ceuk Hendarso mah... Oge Rasulallah SAW nyalira pan nguningakeun: "Geura tabeuh sasadaan sangkan wadya balad ngumpul, kami rek ngawinkeun Fatimah".

AJ

[EMAIL PROTECTED]
wrote:


Punten ah sanes niat Abdi bade guminter, teu pisan-pisan...

Bilih aya nu lepat punten panglereskeun.


Pami teu lepat mah, sakaterang Abdi, misyar teh asal kecapna tina syiri. Syiri sacara harfiah hartosna 'teu jelas', teras misyar mangrupikeun 'kata benda pelaku' tina kecap syiri nu sacara harfiah hartosna 'jelma nu milampah kalakuan nu teu jelas'.


Anapon nikah misyar (=aya oge nu nyebat nikah syiri) pami di urang mah sami sareng 'nikah bawah tangan' tea. Nikah nu henteu resmi sacara hukum nagara, margi teu dicatetkeun di KUA. Nanging sacara hukum agama mah, numutkeun pamadegan Abdi, sah eta nikah misyar teh, margi syarat-syarat nikahna kacumponan, kayaning calon mempelai pria dan wanita, wali, mas kawin, sareng saksi.


Ngeunaan dosa henteu na eta nikah misyar, mangga nyanggakeun we kanu langkung uninga. Anging Allloh nu Maha Uninga. Nya numutkeun pamadegan Abdi mah, gumantung kana kondisi sareng niatna....



Baktos,

OTA

*** Budak Bau Keneh Jaringao



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke