Kang Hasan...

Waktos Abdi ka SMA 8 Bdg mah, jigana Kang Hasan na ogé tos teu aya. Tos kamana boa. Harita téh taun '98 duka taun '99, hilap deui. Jigana mah Kang Hasan na ogé nuju bulan madu, panginten. Teras, taun '87, Abdi mah nembéan lebet SD harita téh. Heuheuheu...geuningan Kang Hasan pernah disetrap nya, baong yeuh jigana Kang Hasan mah. Nanging saluyu kétang sareng dedeg pangadeg na, jangkung ageung, sirah dugul hahahaha....heureuy Kang Hasan...



Baktos,
ONTA
*** Nu Nuju Hoyong Tutut Kabita Ku Kang Hasan  



"Hasan Supriadi" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

05/03/2006 09:06 PM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
Subject
Re: [Urang Sunda] Fwd: Bagaimana nasib anak-anak kita?





halah euy... Kang Onta pernah nganjang ka sakola SMA si kuring...
naha teu nyimpang heula ka kelas kuring atuh Kang Ono...
padahal mah mun nyimpang pasti ku kuring disayagikeun asakan keong sawah (sumuhun tutut tea), da harita mah si kuring keur usum ngeyotan tutut...
 
 
^_^
nu pernah disetrap dipayun kelas basa SMP (sampeyan diangkat hiji, panangan katuhu nyepeng cepil kenca, panangan kenca ngahuapkeun peuyeum... pedah guru matematika keur nulis di papan bor, si kuring kapanggih keur cacamuilan peuyeum di meja pengker heuheuheu... memori taun 1987 di SMP 4 Bdg, guru matematika-na Pa Dedi Wikana)
 
 
----- Original Message -----
From: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: Bagaimana nasib anak-anak kita?


Sumuhun leres Bah Willy, eta murangkalih SMA nu kalebet tim olimpiade fisika teh leres-leres dikondisikeun, dikarantina tea di Karawaci. Salami dikarantina maranehna dipasihan soal-soal latihan nu sa-level sareng soal-soal Fisika Dasar kanggo mahasiswa tingkat I. Kaleresan Abdi kantos ngiringan seleksi tim olimpiade fisika kanggo perwakilan Jabar di SMA 8 Bdg, pami teu lepat mah. Mung teu lolos Bah, nya eta tea teu kaawakan soal-soalna meuni sesah. Harita mah teu kabayang kumaha carana ngajawab soal-soal seleksi tim olimpiade fisika teh. Kabayang soteh saayeuna we waktos kuliah tingkat I kaleresan nyandak mata kuliah Fisika Dasar.


Aaah ketang sok sanaos dikarantina oge pami dasarna uteukna emang oon mah tetep we Bah, wayahna eleh mah nya eleh...

Ieu mah emang dasarna palalinter bangsa Indonesia teh. Meureun. Heuheuheu


Kajabi ti leres-leres dikarantina, oge aya hiji sabab musabab na Indonesia mindeng kenging medali emas dina ajang olimpiade samodel kitu. Nyatana, cenah, kurikulum pendidikan di nagara urang mah tiasa disebatkeun luhur teuing 'level'-na. Eta we buktosna, waktos Abdi kelas tilu SMA, kaleresan aya 'pertukaran pelajar' sareng Australi pami teu lepat mah. Iseng we Abdi naros ka si Bule, pelajaran matematika di sakola manehna tos dugi ka mana heuheuheu....eeeh cenah ceuk manehna teh dugi ka anu...Abdi ngagerentes na jero hate, atuh pelajaran model kitu di urang mah tos diajarkeun ti kelas hiji SMA keneh.



Baktos,

OTA

*** Punten sanes agul ku payung butut



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke