Wa'alaikum salam wr wb.,
 
Rampes Kang Nata,
 
Rupina di ieu milist, sok sanaos mungkin wae aya seke seler kulawarga Mahmud, namung namung anu terang berendelanana kakulawargaan teureuh eta asana langka. Ma'lum seseuseurna anggota milist teh entragan ngora, oge patali sareng kabiasaan urang anu langka nuliskeun pancakaki  kakulawargaan. Sok sanaos kitu, muga ulah putus harepan.
 
Sakaterang abdi atawa anu abdi terang salila ieu, aya dua sepuh anu uninga kana pancakaki teureuh Mahmud. Aranjeunna nyaeta: Abah Olot sareng Apih (Kanduruan Kartawinata). Mung hanjakal aranjeunna sanes atawa teu acan lebet anggota milist urang ieu. Duanana ieu "tokoh" tunggal teureuh Mahmud keneh. Malah abah Olot mah dugi ka ayeuna masih rajin nganjangan ka kulawarga-kulawarga teureuh Mahmud, utamana anu dumuk di Bandung. Kanggo alamat kontak anjeunna, mangga japri wae abdi.
 
baktos,
manAR

 
On 5/7/06, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb
 
        Kahatur para saderek sareng karuhun Kusnet, oge ka sadayana baraya anu aya di mana wae,manawi sareng manawi
sim kuring hoyong uninga di antawis member anu aya di milis ieu, aya teu nya anu katurunan ti Eyang Mahmud anu makam na di
desa Rahayu, ari maksad sim kuring naros keui teh , teu aya sanes hoyong terang ka baraya2 anu sami2 teureuh  Mahmud,
sareng mudah2an urang tiasa panca kaki, atuh ka anu sanes teureuh Mahmud oge sim kuring tos ngangken baraya  di dasaran ku
agama tur sami-sami urang sunda.
 
Wassalamu'alaikum wr wb
 
S M Natapradja


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke